Sampurasun,

Perkawis Guru Ratu wong Atua Karo....kudu disembah...; sim kuring
gaduh prinsip anu alhamdulillah diterapkeun ka mahasiswa kuring di UIN
(jurusan Aqidah Filsafat). Sim kuring gaduh pamadegan yen anu disebut
ngahormat (nyembah) ka guru teh lain hartina yen anu ngarana guru teu
bisa salah jeung teu meunag di kritik. Kuring ninggali kana tradisi
Jaman Kajayaan Islam baheula, jaman tradisi filsafat keur
hangkeut-hangkeutna. Cara murid-murid ngahargaan guru teh diantarana
ku cara ngomentaran karya-karya guruna, naha dina wangun tafsir atawa
sarah (penjelasan) atawa kritik. Kitu oge anu kapanggih dina tradisi
filsafat Yunani Klasik, saperti kritik Aristoteles ka Plato (guruna).

Tah cara eta dicoba dihirup-kumbuhkeun ka mahasiswa sim kuring,
alhamdulillah, hasilna relatif nyugemakeun, sok sanajan meunang kritik
ti dosen jeung pihak lain. Bayangkeun, kuring disebut sabage dosen anu
teu boga wibawa jeung kharisma kusabab deukeut jueng mahasiswa...??
Padahal, numutkeun pangalaman kuring, ku deukeutna jeung mhs, sing
horeng maranehna (mhs) leuwih ngahargaan kuring sabage dosenna, lain
kusabab sieun teu lulus. Ngan nya kitu resikona, kudu siap 24 jam
sapoe-sapeuting......



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Lodaya" <kang_gibson@> wrote:
> >
> > Sampuraun,
> 
> > Kusabab tradisi filsafat di Indoensia tacan sumebar, matak wajar masih
> > keneh phobi kana sarupaning beda pendapat, cenderung radikal malah
> > anarkis.
> 
> Rampes Kang AG,
> 
> Akur Kang... Ngan duka mana anu jadi awalna? 
> 
> Ku sabab teu diajar (sina) mikir, atawa pasipatan anu hayang na
> radikal jeung anarkis? 
> 
> 'Kesan'(naon SUnda na nya deuih?) kuring mah: di RI mah, sing saha anu
> MIKIR rada beda, pasti dianggap salah! Nu kieu teh sarua jeung
> mengpetan kreativitas! Kreativitas=kamajuan!
> 
> Sigana mah kudu dimimitian di sakola; barudak kudu sina diajar debat.
> Oge kaci ngadebat guru na! Tah, lebah dieu.. hese. Dimasyarakat
> patriarkal siga RI mah apan aya istilah 'guru ratu wong atua karo,
> WAJIB DISEMBAH!
> 
> Kekecapan nu pangahirna jadi ganjelan nya KAng?
> 
> baktos,
> 
> Rahman
>







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to