.................. pangdongengkeun atuh jujutanana naon anu disebut 'syare'at Islam'teh. Naon variabel na jeung kumaha WATESANANA.
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Lodaya" <kang_gibson@> wrote: > > yey..... euweuh dina buku kurdina ari pindah agama dihukum mah, komo > > dina Qur'an/Hadits.... > > AG. ...............................................pangdongengkeun atuh > jujutanana naon anu disebut 'syare'at Islam'teh. Naon variabel na > jeung kumaha WATESANANA. > > Jeung deui... enya kitu hukum syare'at teh pernah dijadikeun hukum > kanagaraan? Rahman Sampurasun, Wallhu'alam bishawab... Saleresna sim kuring sama sakali sanes ahlina dina widang Syareat Islam mah, sanes tawadhu (hehehe). Kang Gilang anu sakaterang sim Kuring langkung uninga sareng mumpuni dina widang ieu mah, ma'lum tos sakitu taun nyuprih elmu di Mesir.... Tatapi ieu mah sakadar nembrakkeun tanggung jawab bae, pedah sim kuring aya di hiji lembaga pendidikan tinggi anu ceuk cenah lembaga pendidikan tinggi Islam. teras, iaeu mah sakadar pamanggih sim kuring anu bodo turta sanes ahlina. 1. Sakaterang simkuring, anu disebat syari'at Islam teh, naon-naon anu kaunggel dina Quran jeung hadits anu soheh, valid (soheh jeung hanteu hadits eta oge mangrupi pamadegan hiji ahli hadits), sejen ti eta mung ngarupikeun tafsir atanapi pamanggih (pendapat). Sareng anu namina pamanggih (pendapat, tafsir), teu bisa dijadikeun hokum pikeun ngaragragkeun tafsie sejenna. 2. Kumaha seuh-seuhanana dina ngajalankeun naon-naon anu kaunggel dina Quran jeung Hadits, numutkeun para ahli teu bisa kitu bae, kusabab kudu ditinggalai sababaraha hal jeung kudu dumasar kana tinimbangan anu arif (daria), diantawisna numutkeun Imam Syafe'i:(http://muslimdelft.nl/titian_ilmu/fiqh_dan_syariah/sejarah_awal_penyusunan_dan_pembakuan_hukum_islam_33.php) a. nimbang-nimbang fakta anu aya di masyarakat, naon kasang tukang jeung balukarna (hade/goreng); b. Ngaleungitkeun bahaya (madarat), boh anu aya di masyarakat atawa dina ngajalankeun/meraktekkeun syariat ulah tepika satutasna syariat dijalankeun lain ngabalukarkeun hal-hal anu hade malah nimbulkeun kamadaratan pikeun masyarakat. b. Adat kabiasaan masyarakat kudu jadi sumber tinimbangan dina nangtukeun hukum (al-`adh al muhakkamah) c. hal-hal anu geus pasti ulah dileungitkeun ku hal-hal anu can tangtu... (fakta ulah dianggap euweuh kusabab ayana dugaan-dugaan anu can tangtu? atawa hal-hal anu alus di masyarakat dianggap goreng kusabab penafsiran atawa pamanggih anu sifatna hipotetis, dugaan; oge sabalikna) d. Hukum kudu ngajadikeun hiji hal jadi gampang lain nambahan kasulitan; jeung lamun aya hiji hal anu hese dilakonan, ku ayana hukum kudu jadi gampang dilaksanakeun (lain sabalikna). Iwal ti eta, aya anu disebut sabage "maqosid al-syari'at", nyaeta maksud-maksud aya jeung ditanjeurkeunana syareat, nyaeta: (1) ngajaga jiwa, (2) ngajaga akal, (3) ngajaga agama (4) ngajaga katurunan (nasab), jeung (5) ngajaga harta. Iwal ti eta, aya anu diseebut prinsip "maslahah mursalah" dina nangtukeun hukum, diantarana: a. Urf (Syafe'i), atawa istihsan (Hanafi), nyaeta ayana tinimbangan dina hal adapt, nyaeta prinsip "al-`adah al-muhakamah" tea: adapt anu sakirana memang hade pikeun eta masyarakat sok sanajan pikeun masyarakat sejen goring, kudu dijadikeun tinimbangan dina nangtukeun hukum. b. Syadduddari'ah, nyaeta: nyegah kajahatan. c. Khofud dari'ah: ngadukung kana pikalaleun timbulna kahadean, kaasup ngadukung kana adapt anu bisa nimbulkeun kahadean. Lamun ningali prinsip maqosid al-syari'at jeung konsep Maslahah Mursalah, teges yen agama nincak dina asumsi yen pada dasarna masyarakat jeung (jalma) teh mibanda jihad jeung tujuan anu hade (fitrah tea), agama (syar'at) dina hal ieu boga tujuan pikeun jadi benteng dina ngajaga potensi-potensi anu aya di masyarakat jeung jalma, lain nga-anonim potensi-potensi fitriah jeung positif (hade) anu geus aya. Tina dua hal eta anu diunggel ku Imam Syafe'i jeung maqosid al-syari'at, (1) dina nanjeurkeun syariat Islam, Islam ngabogaan prinsif "evolutif, kebertahahan, proses" lain revolutif, dina nanjeurkeun syari'at. (2) Islam ngaheulakeun asas-asas kamaslahatan, kamanusaan, kaadilan, jeung (3) Islam kalintang ngahargaan kana eksistensi adapt jeung tadisi masyarakat anu ngarojong kana kahadean. Memang, ngeunaan kumaha nanjeurkeun jeung kumaha ngalaksanakeun Syareat Islam dina jaman anu beda jeung jaman Kang Jeng Nabi taya lain iwal ti sakadar tafsir, pamanggih. Ari anu ngarana pamanggih teu bisa dicekel deleg (digeneralisasi) pikeun sakabeh kondisi (waktu, tempat jeung kaayaan anu beda). Atuh naha aya nagara anu kungsi ngajalankeun Syareat Islam; nya aya tapi dumasar kana tafsir anu sasuai jeung kaayaan eta nagara. Buktia? tiap nagara anu nyebutkeun dumasar kana syari'at Islam kanyataanna beda-beda wujudna.... Sok tinggali bae antara: Arab Saudi, Yaman, Iran, Iraq (?), Brunai Darussalam jeung nagara lainna. Ari Indoensia bisa kasebut Nagara anu ngagunakeun syareat Islam? ceuk simkuring mah sacara filosofis & ideal dumasar kana orinsip2 anu kaunggel dina Pancasila jeung Pembukaan UUD 45, bisa kasebut sabage Nagara "Islam" anu hartina nagara anu nanjeurkeun syareat Islam. Sabab, nilai-nilai kaislaman scara bertahap (berproses) enggeus jeung eukeur ngajalankeun syareat Islam. Ngan kiwari umat Islam sorangan (teu kabeh) mimiti ngalakukeun "penghianatan" kana prinsip-prinsip syari'at, prinsip maqosid al-syari'at jeung prinsip maslahah mursalah, sahingga sering timbul kajadian "gerakan" anu dilakukeun ku sabagean umat Islam anu malah nimbulkeun kakacauan....... Wallau'alam AG. anu laif http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/