> Setelah Kerajaan Sunda-Pajajaran runtuh  (1579/1580) akibat
> gerakan pasukan Banten dalam usaha menyebarkan agama Islam di
> daerah Jawa Barat, Tatar Ukur menjadi wilayah kekuasaan Kerajaan
> Sumedanglarang, penerus Kerajaan Pajajaran. 

Sampurasun,
Manawi teu kaabotan sareng teu ngabaribinan, sim kuring seja tumaros
perkawis hubungan antawis karajaan-karajaan di tatar Sunda (anu
ditungtungan ku Pajajaran jeung Sumedanglarang) jeung Karajaan Cirebon
jeung Banten. Maksad sim kuring, naha Karajaan (Kasultanan) Cirebon
sareng Banten teh mangrupa Karajaan anu tiasa (kudu) ditinggali sabage
bagian integral tina sajarah Karajaan Sunda atawa bagian anu kudu
dipisahkeun, teu dianggap sabage bagian tina sajarah karajaan Sunda?

Sabage babandinganna kieu: lamun urang nitenan sajarah
karajaan-karajaan di Jawa (di luar Jawa Barat), Karajaan Mataram
(Kasultanan Mataram) sok digunemcaturkeun sacara integral
(sabeungkeutan) jeung sajarah Majapait jeung anu lianna anu aya
samemeh kasultanan Mataram. Anu ngabedakeun antara Majapait (jeung
karajaan lianna) jeung Kasultanan Mataram umumna ngan dina periodisasi
sajarah dumasar kana "ageman" sanes sajarah etnis (bangsa-na). Sanan,
anu jadi Raja Mataram masih (dianggap) uranhg jawa keneh. Sahingga,
Kasultanan Masih dianggap sabage sajarah karajaan di Jawa.

Tah...., sim kuring sok ngarasa (bingung jeung geer meureun kasebutna,
tina kadoipan pangaweruh sim kuring) jeung nangkep kesan yen aya cara
pandang ti sabian ageung kalangan anu mandang yen karajaan-karajaan
Sunda teh ngalaman "diskontinuitas" ku "tilem"-na Karajaan Pajajaran
jeung ku gumelarna Karajaan Cirebon jeung Banten. Naha? sabab, sim
kuring sok ninggalai kesan anu terusurat oge anu tersirat dina wacana
ngeunaan sajarah Sunda jeung sajarah kabudayaan Sunda: yen Kasultanan
Cirebon jeung Banten mah lain bagian integral tina sajarah Sunda,
malah sok disebut sabagi ulon-ulon anu jadi sabab Karajaan Sunda ancur.

Tapi ketang, lameun mah memang ku tilemna Pajajaran jeung gumelarna
Kasultanan Ciremonteh mangrupa kanyataan "diskontinuitas" tina sajarah
Sunda, sim kuring kudu oge meureun bisa narima eta kanyataan.

Hiji tinimbangan anu meureun kudu ditinggali (leupas tina
bener/hanteuna yen Kasultanan Cirebon&Banten mangrupa bagian lain tina
Sajarah Sunda), nyaeta bakal aya pandangan yen memang Cirebon jeung
Banten bener-bener kudu misah ti Jawa Barat (Sunda Priangan).... Ieu
hal memang geus lain hariwangkeuneun deui, da geus kajadian, hususna
Banten....

Kumaha tah Baraya Sunda sadayana?

Kuring Anu Laif....

AG./bdg.





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke