--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> ? Konflik..saderek..! man heula anu rek ditulungan
> nasib buruh anu kagencet tapi gaduh
> padamelan...atanapi panganggur anu kagencet masalah
> sosial...? Seueur deui perkawis nu sanes anu ngait
> kana masalah seueurna panganggur ieu....sapertos
> masalah TKI&TKW di mancanagara,Narkoba,PSK,
> kajahatan,........

Kang Surtiwa,

Meungpeun keur salse, rek nyambung ngalindurna kana ieu masalah.

Sigana mah ieu artikel teh obyek na mikro Kang; UU peburuhan. Pan di
urang mah geuning masih keneh pincang hubungan antara buruh jeung
pemilik kapital teh. Ari nagara, anu kuduna jadi wasit sok
mangmeunangkeun paamilik modal wae! Baheula mah jaman Suharto make aya
istilah hubungan perburuhan Pancasila sagala, anu prakprakan na mah
nya ngagencet buruh! Tingali we kasus2 konflik perburuhan jaman
SUharto. Inget keneh kuring mah kana kasus buruh pabrik roko awewe anu
dipaehan tea. Ngaran na poho deui... Surtinah kitu?

Aya dongeng saeutik. Di NL aya pabrik mobil anu ngaran na NedCar
(baheula mah nyieunan mobil Volvo). Sababaraha waktu ka tukang dibeuli
ku Mitsubishi (jadi ayeuna nyieunan mobil eta merek). Tah ayeuna keur
aya konflik perburuhan. Mitsubishi rek ngaPHK 1000 jelema kulantaran
marge kauntungannana morosot. Rundingan antara pihak buruh jeung
Mitsubishi gagal cenah! Pihak buruh ayeuna geus meunang ijin ti Hakim
ngayakeun mogok masal jeung demo! Pamarentah oge turun tangan milu
ngabereskeun ieu konflik! Tapi duka kumaha tah engke solusi na.

Baktos,

Rahman





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke