--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nambihan Kang RH. Bieu kuring maca dina millis tatangga, cenah
> mahasiswa Fakultas Ekonomi Universitas Brawijaya Malang, ngahideungan
> lambang UNIBRAW, kulantaran aya gambar patungan sabab patung dianggap
> teu saluyu jeung Syariat Islam. Kuring oge ngadenge, tapi ukur
> haharewosan (rumor), cenah di kampus "cap Gajah" Bandung oge, aya nu
> hayang ngaganti gambar patung Gajah cindeten teh ( Ganesha). Ngan
> kuring, alumnina, rek protes, teu satuju saeutik-eutik acan. Lain
> kunaon-naon, inget ka jaman keur sakola baheula, sok hayang seuri
> ayeuna mah, lamun make kaos atawa jeket make logo eta, ngadak-ngadak
> jadi PeDe, wani naksir .....si ... ehm ...ah moal
> dibejakeun ....hehehehe
>
Kang Wly,

Nuhun Kang. Walah... nepi ka kituna eta teh? Lamun tea mah enya cilaka
atuh... sigana mah bangsa urang bakal beak simbol na kabeh. ITB make
Ganesha (dewa elmu pangaweruh)... disikat, makara UI, Garuda
(tunggangan Dewa Wishnu, geus puguh Borobudur jeung Prambanan mah apan
simbol Hindu jeung Buda (baheula)... arek disikat deui kitu?

Ngarahuh euy mikiran nu kieu teh! Jeung deui eny Kang, ari dipikir2
eta anu ngojok2 ka anu kararitu teh loba WNI/Arab na cenah? Lamun tea
mah enya kitu, ieu teh kaasup kana masalah 'menyesuaikan diri'meureun
nya? Cik atuh... ari kahayang mah ngahurmat budaya lokal!!

Anu pikahawatireun teh, bangsa urang sorangan sok RESEP diojok2!!!
Komo mun make simbol agama mah! Walah... ngabrul..., komo mun bari
diiming2 SAWARGA mah anu sabenerna mah can puguh juntrunganana!

Sigana mah ieu ge aya patula patalina jeung masarakat urang anu
patriarkal? Mun aya Arab nu ngaku HABIB (katurunan Nabi, cenah!)...
dampal suku na ge diletakan!!! He he he... padahalmah turunan Abu
Jahal! Teuing ah, jadi ngomongkeun batur... Kade tong salah harti,
kuring mah lain anti Arab, ngan OKNUM na tea he he he....

baktos,

Rahman






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke