Sampurasun,
Anu lain PNS mah teu aneh mun sapuk, ngarojong, sarta reueus ku kaputusan
Gubernur Dany teh. Padahal, PNS oge sabenerna mah korban bencana, tapi
lain bencana alam tapi bencana kamanusaan; matak sok aya sesebutan,
PNS teh salah sahiji kaajaiban dunia, bisa hirup cukup ku gajih anu
leutik.

Bisa kaharti sabenerna, naon sabab umumna masyarakat bakal ngarojong
kana kaputusan Sang Gubernur, naeta kusabab masih keneh aya "mental
feodal" yen PNS teh abdi nagara, 'abid anu kudu nurut dikitu-kieu....
Iue sikep masyarakat teh anu ahirna nyerep tembus kana sanubari para
PNS, nya ahirna PNS jadi manusa anu ilang kamerdekaan jeung
kamanusaanana.... PNS ==> korban persepsi masyarakat.

Dina hal ieu, sim kuring teu ngahubungkeun antara pamotongan gajih
jeung ngabantu korban bencana, di mana bae jeung dina wujud bencana
naon bae. Naon sababna? sabab beda masalahna......

Siga anu alus kawijakan Gubernur teh, siga anu nembongkeun sifat
kamanusaanana.. padahal di sisi anu lian sabenerna mah keur nembongken
sifat jalma anu teu boga rasa kamanusaan. Pagawe Nagri teh pikeun
hirup sapopoe ngabelaan meres kabutuh jeung kahayang supaya gajih anu
teu sabaraha teh bisa cumpon sa bulaneun, da ari kabutuh anu rada
badag mah (sakali duei ANU RADA BADAG, lain anu BADAG) pasti kudu
nandonkeun SK ka Bank...., anu sakitu taun kudu puasa pikeun
mayaranana.... Geus garing meres kabutuh, terus ayeuna di peres ku
gubernur........ (leutik/gede anu dipotong lain alesan).

Matak Nagara teh moal berekah, sabab hirupna salawasna aya dina supata
jalma leutik, jalma anu salawasna leuleus-lungsi sabab terus-terusan
di peres....... Supata jalma leutik teh bisa ngeundeurkeun langit
tembus ka Sidrotul Muntaha.......

(Lain ceuk batur)
KGB.........


--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang MH,
>
> Teu kaharti Kang. Naon dasar hukum na nya? Di urang mah anu boga
> kawasa sok siga kieu... ngagunakeun wewenang na najan teu puguh oge.
> Cik... protes atuh. Ulah cicingeun... jeung eta mani satuju bae atuH!
> Tong sumuhun dawuh ari urusan kieu teh!
>
> Saha deuih anu ngontrol kaluar asup dana siga kieu? Ah boa2 ieu teh
> modus korupsi deui bae?
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs579@> wrote:
> >
> >
> > Baraya,
> > Boga gubernur teh kreatif euy. Cing numutkeun baraya,
> > naha wajar upama gubernur nyieun kaputusan jiga dina
> > artikel di handap ieu. Kuring ngarasa reueus upama
> > jiga kieu, gubernur jeung rengrenganana rela teu
> > narima gajih salila tilu bulan (contona) pikeun
> > ngabantuan korban bencana Jogja.
> > (mh)
>







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke