Teu uninga abdimah perkawis persepakbolaan mah teh Nenen.., heheh.., kapungkur 
kantos sakali2na nongton final th 94 asana, basa itali ngalawan brazil, abdi 
ngajagokeun itali, tapi eleh.. heheh.., eta pedah resep ka si roberto bagio, 
sanes ku sepak bolana.., pami Indonesia ngiring piala dunia mah puguh we sanaos 
bakal eleh ge.., abdi bade ngadukung bebeakan heheh.., ngan hanjakalna 
siganamah kasebelasan indonesia mah teu ngiringan (teu tiasa ngiringan 
ketah..heheh), 
Aya wartos dinten ieu di koran, ceunah kasebelasan Iran asup ka piala dunia, 
teras kangge ngagumbirakeun, pameget sareng istri kenging narari diluar, ngan 
eta teras para istri teh ceunah maruka jilbab.., atuh puguh we pamarentah Iran 
ngambek..,  dipiwarang eureun narina, teras dipiwarang ararasup ka jero eta 
para istri nu maruka jilbab teh..

abdi ge sami teu gaduh saung di lembur mah.., ngarewong we sareng sepuh 
sementawis ieuh.., Insya Alloh pami gaduh rejeki mah hoyong gaduh nyalira oge. 
Atuh kantenan we ke abdi tiasa ameng ka rorompokna teh Nenen di lembur.., urang 
nyambel tarasi sareng beuleum lauk heheh.., ieu nomer telepon abdi di montreal 
(514) 842-2768. 

Teh Nenen.... bilih bade ka lembur lami ke.., tiasa nganggo visa sosbud kangge 
tunangan teh Nenen, tiasa dugi ka 6 sasih.., abdi ge kamari nyuhunkeun visa 
sosbud we kangge caroge sareng pun anak.., da di lembur bade 2,5 sasih, visa 
turis ayeunamah mung tiasa 30 dinten wae.., tiasa diurus langsung ku nyalira ka 
KBRI di Ottawa, teu kedah dongkap ka Ottawa, formulirna tiasa di pilari di 
website KBRI, teras sareng dokumen2 sanesna tiasa dikirim lewat pos, prosesna 
mung 4 dinten.
Ieumah bilih teh Nenen teu acan uninga, sae.. upami tos uninga mah..
Kamari abdi 5 dinten di Ottawa, kaleresan caroge ngajar di Ottawa.., abdi 
ngiring hoyong ningali kota Ottawa., sakantenan nyandak visa sosbud ka KBRI

Baktos,
Maria

  ----- Original Message ----- 
  From: Nenen 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Sunday, June 11, 2006 9:36 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Dulur, Setan Menggoda Sepakbola


  He..he..he.. pasti teh Maria mah ngabela Perancis, atuh puguh bae
  hoyong nonton bareng dilembur, tapi teu aya dina daftar agenda abdi
  he..he..he.. (Ari abdi mah ngadukung Jerman + Belanda+ Trinidad), ngan
  abdi mah bangga kamari nonton Trinidad tiasa nahan Swedia. Kalah
  tenggorokan abdi serak ngabela Trinidad, salut kakiperna tangguh, teu
  gampang djebol gawang-na. Abdi mah upami tim lemah/nagara kecil maen
  ngalawan tim besar, sok ngadukung tim lemah, sugan tiasa ngelehkeun
  tim raksasa he..he..

  Salam kanggo saderek baraya anu dilembur teh Maria..., leres 2.5 sasih
  matak wareg kanggo sosonoan, komo abdi mah aya rencana 6 sasih
  dilembur, teras balik deui ka Canada 6 sasih, pokokna mah salama musim
  dingin di Indonesia, musim panas ka Canada.

  Teh Maria, abdi aya rencana meser saung dilembur, upami mulih kalembur
  teu cicing di ortu, abdi mah teu gaduh saung nyalira dilembur, janteun
  sok ngarewong ortu he..he... 
  Ari gaduh saung nyalira dilembur mah, upami teh Maria nuju aya
  dilembur atanapi baraya anu dimilis bade mampir ka abdi pan
  bebas/resep, komo lamun ngawengi mah wah... matak gembira ria.

  Teh Maria, abdi nyuhunkeun no. tlp anu di Canada/Quebec, abdi hoyong
  nelepon.

  Salam kanggo sicantik Selena.

  Nn



   


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
You can search right from your browser? It's easy and it's free.  See how.
http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/9VOolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke