Baraya sarerea,

Kamari si kuring sms-an jeung Kang "utun", kulawadetna (kulawarga deukeut)
kuncen Kampung Naga. Dina salah sahiji sms-na, inyana (anjeunna) ngabejaan
sakaligus talatah ka si kuring. Kieu beja jeung talatahna teh: "...mun
pareng, ping 4 September nepi ka 11 September 2006 bade aya gerakan Sunda
Gugat ti masyarakat Tatar Sunda. Neda dibewarakeun. Nuhun". Kulantaran
sakitu, si kuring terus tatanya ka inyana, naon ari gerakan Sunda Gugat
jeung saha-saha wae anu aya disatukangeunana?

Alhamdulillah tos aya jawaban kana eta pananya. Ngan, samemehna, si kuring
seja maluruh heula ka dulur-dulur sarerea di milist, sugan aya nu
engeuh perkara Sunda Gugat ieu? Tah engke informasi ngeunaan hal et ti
dulur-dulur sarerea urang konfirmasikeun jeung walonan ti Kang Utun.

Mangga ka baraya sadaya, sugan aya anu terang perkara Sunda Gugat ieu
dihaturanan nepikeun informasina. Ceuk beja mah rek lumayan rongkah ieu
gerakan teh, ngan nitenan para pangdeudeulna, aya sari-sari seungit politik
ieu kagiatan teh. Wallohu'alam.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke