Bah Willy, Bah Surtiwa, upama nitenan dongeng DI/TII nu ditepikeun ti para sepuh di lembur, di wewengkon Garut, cenah nu sangsara mah rahayat deui, rahayat deui. Beurang sieun ku tangtara, bisi disebut biluk ka DI/TII. Peuting sieun ku gorombolan, paur disangka baladna tangtara. Ngan nu pasti cenah, eta duanana ku rahayat kudu disuguhan, da geus cape apruk-aprukan. Maklum dua kelompona oge, apan teu karuh tatanen keur bekel sapopoe. Hehehehe.
Jaman harita mah cenah, enya pisan letah jeung curuk teh leuwih seukeut alah batan peso laser. Hehehe, jaman harita mah can aya peso laser nya. Ayeuna oge ketah, peso laser mah karek dipake keur ngabedah. Rahayat mah paur pisan ku fitnah cenah, upama nyuguhan gorombolan heug aya nu ngabejakeun ka tangtara matak buhaya. Ari teu disuguhan kuriak di cangkalak gorombolan. Kitu deui sabalikna. Nyuguhan tangtara, sieun dibejakeun ka gorombolan. Teu disuguhan sieun disangka sailon jeung gorombolan. Apan buah simalakama tah. salam, mh --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Katelengesan saleresna sifat dasar manusia, jadi > leres pisan teu tiasa > nunjuk DI/TII telenges, nu sejen henteu. Dina mangsa > kaayaan nu riweuh, > akibat situasi pulitik jeung perang, katelengesan > tiasa mucunghul. > Kuring kungsi maca, salah saurang nu ngurus kamp > konsetntrasi Yahudi di > Jerman, dikenal ku para tatangga, lain jelema > telenges. Nyaah ka > anakna, sopan ka tatanggana. Loba nu bingung naha > manusa eta bisa > ngalakukeun hal nu diluar peri kamanusaan. Jadi > sikon (situasi-kondisi) > tiasa nyababkeun jelema jadi telenges. ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
