--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk kuring mah loba pisan alesanana. Salah sahiji
> alesan anu sering
> kaalaman mah, kieu: Aya hiji kelompok urang SUnda
> anu NGAHARAMKEUN
> seni na sorangan. Teuing naon maksud na. Ngan anu
> jelas... eta
> kelompok teh wani nyebutkeun yen seni teh teu
> dipikarido ku Pangeran!
> Malah mah aya hiji kelompok anu ngalarang SEURI!
> Kuring pernah
> ngawangkong jeung jelema anu boga pikiran siga kieu.
> Hese diajak
> cumarita na, malah memper2 ngajak pasea!!! Cindek
> na... aya ganjelan
> religiusitas jang nagamajukeun seni tradisional.
>
> Anu ka dua. Terus terang we... seni Sunda teh
> leumpang di tempat, ceuk
> kuring mah. Idiom seni anu dipake ngan eta2 keneh!!!
> Lolobana malikan
> ka tukang. Anu diperlukeun ...idiom2 seni
> pikahareupeun jeung
> proaktif, saluyu jeung kamekaran jaman. Anu ku urang
> diperlukeun teh,
> nya kurang leuwih PEMBAHARU (teuing naon basa Sunda
> na!)seni. Seniman
> kudu ngeceng ka generasi anyar. Maju na seni batur
> teh, ku sabab sifat
> na anu dinamis tea. Lain kudu luar leor siga oray,
> tapi kudu ngigelan
> jaman.
>
> Meureun ketah... Kuring mah lain ahli seni, atawa
> seniman. Senewen
> meureun...! ;))
>
> baktos,
>
> Rahman
> http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
Kahatur Kang Raman,
dina poin ka 1 kaalaman pisan ku abdi harita keur
budak di lembur sakola teh di SD jeung di Madrasah,
pernah di seukseukan ku ustad teu meunang maen kendang
alesana nya kitu haram cenah pedah tina kulit ngan
abdi mah bedegong, atuda karesep pisan kana kendang
teh...Lamun harita bisa ngajawab, padahal di Masjid
oge aya bedug sarua tina kulit anu nyata nyata eta
budaya urang da di Arab mah teu make bedug....
anu ka 2, memamg abdi oge asa acan mendakan deui gaya
anu sapertos diciptakeun ku Mang Koko dina garap
gamelan anu disebat wanda anyar, atanapi Pa Gugum
Gumbira dengan Jaipongannya anu dugi ka danget ieu eta
tepak jaipong teu ngan wungkul milik urang Sunda, grup
wayang kulit mah, Dangdut mah komo eta Campur Sari
lamun tukang kendangna teu bisa tepak jaipongan masih
dianggap kelas SD...ayeuna aya sababaraha bentuk seni
seni kolaburasi tapi eta mah sifatna temporer....tapi
sugan kapayuna aya seniman inovatif...
Baktos..Atung
____________________________________________________
Yahoo! Singapore Answers
Real people. Real questions. Real answers. Share what you know at
http://answers.yahoo.com.sg
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/