Haturan kang Rahman,

Geuning kang Rahman oge terang kana "nyubuh", sigana istilah nyubuh teh mung 
dianggo ku urang Sukabumi hungkul nya?? mung di abdimah, biasana nyubuh teh 
saatosna imsak (saatosna solat subuh)
sok emut baheula basa masih sakola SD, SMP, SMA, ari tas saur teh sok langsung 
kakalayapan kaluar bumi, tiditunamah bari olahraga ceunah.., tapi uih sok luh 
lah.. da cape..

Wartos ti Sukabumi?? nya.., teu patos benten Sukabumi sareng taun kapengker.., 
masih pabeulit ku angkot, pedagang kaki lima mangkin seueur, tapi tos nambihan 
supermarket sareng restoran2 siap saji nu tos terkenal.., ayeuna tos aya di 
kota sukabumi..
Mung abdimah nu rada heran teh.., saurna bbm naek, sagala ararawis.., tapi di 
kota mah.., sigana nu barang galeuh teh..ih.., da seueur we geuning.., 
supermarket ge mani padedet-detet ngantri komo pami dinten sabtu sareng minggu 
mah.., eta teh duka nuju "trend" balanja di supermarket.., atanapi duka kunaon 
tah..

Ningali masyarakatna? nya masih sami sapertos taun payun, komo di Carita mah, 
sigana tambih miskin pisan, da teu aya deui nu diharepkeun iwal ti sektor 
pariwisata, basa abdi diditu nuju rame isu Tsunami.., boro2 turis darongkap, 
hotel2 sararepi wae.., urang jakarta ge teu dararongkap.., ongkoh saurna nu 
darongkap ge tara balalanja deui ieuh.., sok nyararandak bekel. Nya eta atuh.. 
sok sedih pami ningali kitu teh.., aya nu nyarios mung tiasa neda sakali 
sadinten... 
kapungkur sateuacan abdi hijrah kadieu.., abdi sanes teu ngadangu aya wartos 
kawas kitu teh.., mung kapungkurmah rupina abdi teu patos paduli.., komo ka 
jalmi2 tebih kawas ka urang Carita. Tapi saatosna linggih didieu, aya karaos 
pisan ngiring prihatinna, da dibandingkeun sareng kahirupan didieu.., 
saheunteuna didieumah jalmi miskin teh teu aya nu teu tiasa dahar, tong boro 
jalmi, sato ge pan didieumah mani diperhartoskeun pisan kawas manusa.

Abdi nyalira teu seueur angkat-angkatan kamamana.., mung kantos ka Bandung 2 
dinten (tepang sareng Bah Willy, oge sareng anggota kusnet nu sanesna), sareng 
ka Carita 3 dinten. Eta ge pendak sareng Bah Willy teu tiasa ngobrol lami, da 
eta murangkalih abdi teu daek cicing, nuju meujeuhna kukurilingan, kedah 
ditututur we... Pami carogemah salami di Sukabumi seuseueurna maen catur, ampir 
unggal dinten angkat ka kota sukabumi, maen catur sareng sobatna, tukang icalan 
sapatu di payuneun toko Lily.., di lembur Karang Tengah ge kenging gelar juara 
catur sa RT, nu katilu kalina, da kaleresan unggal 17 agustusan aya di lembur 
wae., malah kamari mah dipiwarang naek panggung 17 agustusan bari nganggo 
anggoan kabayan, teras nyarios ku basa sunda.., pikaseurieun.., bari pabeulit 
ge.
Teras sabaraha dinten deui bade uih kedieu.., dongkap istrina bah Willy ka 
bumi, teu lami deuih..., teu kantos disuguhan cai-cai acan, da saurna mung 
hoyong terang hungkul dimana bumi abdi, saurna bah Willy bade ka bumi, tapi teu 
cios da sapertos nu tos dicaritakeun ku bah Willy.., teu aya waktosna..(teu 
sawios-wios Bah...), sanes waktos tiasa tepang deui..

Oleh-olehna? nya eta janten opatan uih kadieu teh.., puguh nuju meujeuhna 
sararebel pisan.., mana nuju uih kadieu teh 10 jam transit di Narita, teras 
transit di Toronto nu kedahna 2 jam janten 5 jam, da eta katinggaleun pesawat, 
seueur check itu ieu.., abdi nyandak cai botol, sareng cream kangge kulit, teu 
kenging dicandak ka kabin, dipiwarang uih deui katempat check in kedah 
dilebetkeun kana bagasi.. walah...cape pokonamah.., da di etang2 teh.., salami 
perjalanan teh aya kana 40 jam na..

Mung sakitu wartosna kang Rahman, iraha kang Rahman bade ka lembur??

Baktos,
Maria


  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, September 23, 2006 4:03 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Selain Tidur, Jangan Lupa Bercinta di Malam Hari! 
.........(?)


  --- In [email protected], Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]>
  wrote:
  >
  > Teu kenging pami siang mah, bisi batal puasana..
  > 

  Haturan Teh Maria,

  Kumaha mun samemeh sahur atuh? Nu kitu mah sigana teh anu sok dsebut
  nyubuh tea kitu? ;))

  Kumaha wartos na di Sukabumi kamari Teh? RH



   


[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke