--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Sunda ngadopsi sora /v, sy, sh, z, q, f/ dina paguneman jeung tulisan,
> > baris ngurangan esensi kasundaanana. Ceuk implengan kuring, tarekah
> > nambahan sora teh lain pikeun ngaleungitkeun ciri kasundaan,tapi
pikeun
> > ngajembaran nu geus aya. Sabab aksara mah ngan ukur "jirim", ari
> > "jisim"-na basa Sunda tea. Basa Sunda nu jadi jisim tea, kaci wae, 
> 
> Kang MH,
> 
> Miluan malem mingguan ah. Tamba tunduh rek milu ngarahul.
> 
> Nginjeung sistem aksara nu sejen ari ceuk kuring mah sarua
> ngabeungharan sistem anu aya. Ngan sarat na, sistem anu diinjeum kudu
> disaluyukeun jeung 'kapribadian'sistem urang sorangan.

Hehehe, enya kitu nu katoong ku kuring oge. Geura pek we toong, apan
kalolobaan basa kiwari ngarinjeum aksara Laten. Padahal basa Laten
sorangan geus taya pinuturna. Kitu deui, apan keur aksara salian ngijeum
ti sistem Hindu-Arab. Tada teuing pakepukna, upama rek nuliskeun angka
milyaran heug make angka Romawi. Piraku teu koleng. Hehehe. Ayeuna upama
urang keukeuh hayang make mahakarya nu pituin, nu asli, nu orsinil. Na nu
jiga kumaha nu pituin teh? Rek ditarik ka tukang sabaraha rebu taun,
pikeun neangan nu asli teh. 

> Dina postingan2 anu asup. Siga aya nu rada pabaliut ngadefinisikeun
> aksara Sunda. Dina ieu diskusi teh anu dimaksud aksara Sunda teh nya
> aksara Laten anu dipake ku urang SUnda ayeuna. Kitu lin Kang MH? 

Enya Kang, dina postingan Kang Engkus aya dua perkara nu perlu
dipisahkeun.  Antana perkara aksara Sunda "Ka Ga Nga" jeung padungdengan
migunakeun aksara Laten dina Basa Sunda. Jigana Kang Engkus, sakalian
ngarespon kana postingan Kang Oman, nu netelakeun yen dina aksara Sunda
"Ka Ga Nga" nu di-PERDA-keun tea, aya embohan silabi anyar /qa, za, fa,
va, xa/. Kabeneran deuih eta silabi tambahan teh, pakait jeung sora nu
diwakilan ku aksara Laten /q, z, f, v, x/. 

> Pamanggih kuring mah, asa taya gorengna mun sakabeh abjad Laten ti /a/
> nepi ka /z/ diadopsi. Mun tea mah kekecapan Sunda nambahan, sarta
> sistem sora oge nambahan, teu kudu hese deui neangan pilambangeunana
> ... da geus nyampak.  Malah, kuring mah teu nutup kamungkinan sejen...
> engke bakal mucunghul deui sistem lambang aksara nu sejen na, boh
> meunang ngadopsi, boh meunang nyieun sorangan. Anu jadi alesan teh,
> ieu sistem aksara Laten teh, najan kumaha oge teu nyumponan pangabutuh
> sistem sora basa mana bae oge!

Kitu pisan maksud kuring ge. Sabab aksara /q, z, f, v, x/ nu 'tacan diaku'
ku urang Sunda teh, jelas-jelas dipigunakeun sapopoe dina widang sains
jeung tehnik. Upama enya basa Sunda hayang sadarajat jeung basa batur,
tangtu basa Sunda kudu bisa dipake alat pikeun ngadubako perkara kaelmuan
sejen. Kulantaran kitu pikeun kuring mah, tarekah ngadopsi eta aksara teh
justru baris ngajembaran kana sistem ortografi nu geus aya. Teu ieuh baris
ngaleungitkeun warisan budaya nu aya. Warisan nu geus aya ceuk kuring mah
lir ibarat MODAL DASAR, tah aksara tambahan PANGJANGKEPNA. 

> Anu penting... sistem ejahan kudu KONSISTEN dipake.
> Mun aya upaya nitah balik deui kana sistem tulisan Sunda baheula.
> Kuring mah rek NOLAK. Ngariripuh maneh! Piraku kudu diajar maca jeung
> nulis deui?
> Nulis jeung maca make aksara anu basajan siga kieu ge geus ripuh! Lian
> ti kitu aya kitu bahan bacaeunnana?

Sapuk kuring oge, asa teu katoong keur naon mangpaatna make kudu balik
deui diajar aksara Sunda buhun. Lain teu hayang ngamumule mahakarya
karuhun. Pikeun ngamumule warisan karuhun mah apan geus aya tempatna.
Malah geus jadi widang kaelmuan nu mandiri lin. Eta mah bagean nu diajar
Filologi. Keun we sina dihanca kumanehna. Kuring mah tarima hasilna we,
maca hasil transkripsi maranehna. Aya beja naon cenah ti karuhun teh.
Sanes kitu Kang RH? Apan kurang kumaha, karuhun sorangan geus mere
kalonggaran ka urang, jiga nu dirumuskeun dina babasan: "Kudu bisa
ngindung ka waktu ngabapa ka jaman." 

salam,
mh


=====
Lalampahan rewuan mil, cukup dimimitian ku salengkah.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke