KAGET
Waktu Carmen mimiti nincak ka Arab Saudi, manehna jeung adina make
baju "abaya": baju hideung, kurudung hideung jeung dicadar. Waktu
nece taraje (tangga) pesawat, adina tikudawet ku baju abaya, tepi ka
barang dina tas leungeunna mawur. Teu aya saurang oge nu nulungan.
Adina mencrong ka Carmen bari kukulutus: Tempat nanahaon ieu teh?".
Di Arab Saudi, lalaki teu meunang deukeut teuing jeung awewe, komo
nepi ka nyekel nulungan awewe nu tikudawet ku baju mah.
HATUR NUHUN
Saterusna Carmen, ngajugjug imah indungna Yelsam, nu sok disebut Om
Yelsam. Manehna ngajrek di imah mitohana. Di imah mitoha awewena teh
loba jongos (pelayan). Waktu Carmen ngucapkeun "Hatur nuhun", ka
jongos nu ngalayanan Carmen, mitohana jeung adi salakina kacida
kageteunana. Kitu deui jongosna. Kaget, sabab ngucapkeun "Hatur
nuhun" ka jongos teu lumrah di Arab Saudi. Sikep ieu, negeskeun fakta
yen Arab Saudi mangrupakeun nagara pangakhirna di dunya nu mupus
perbudakan, nyaeta di taun 1962. Tepi ka taun 1962, kulawarga-
kulawarga beunghar di Arab Saudi baroga "budak belian". Waktu
pamarentah Arab Saudi mupus sistem perbudakan, "budak-budak beulian"
ieu dibebaskeun ku cara "dibeuli" ku pamaertah Arab Saudi ti nu
mibogana.
PUTRI MISH'AL
Kajadian ieu di taun 1978. Salah saurang incu awewe dulur lalaki
raja, nu aranna Putri Mish'al ditelasan di lapangan parkir kota.
Mish'al nu kakara rek mangkat dewasa ditunangankeun ka lalaki nu jauh
leuwih kolot. Mish'al rek kabur jeung kabogohna ka luar negeri, tapi
katewak di lapangan terbang.
Akina, Pangeran Muhammad, dulur lalaki raja Khalid, nitah raja supaya
nelasan Putri Mish'al kulantaran mawa aib ka kulawargana. Raja Khalid
sabenerna nolak parentah lanceukna ieu teh. Tapi kulantaran Pangeran
Muhammad teh, sabenerna mah pewaris Tahta karajaan Arab Saudi, ngan
kulantaran Pangeran Muhammad jalmana heuras, nya dewan karajaan
ngangkat Pangeran KHalid nu jadi Raja. Putri Mish'al akhirna
ditelasan.
[Catetan ti Kuring : Wartos ieu nyebar oge di koran-koran di
Indonesia]
MASJIDIL HARAM DIBEBASKEUN KU PASUKAN PERANCIS
Revolusi Iran meunang, Khomaeni kawasa di Iran. Aya kajadian luar
biasa waktu musim jamaah haji. Masjidil Haram di Mekkah diserebu ku
ratusan ekstrimis Islam. Pamimpin ekstrimis ieu nyieun pernyataan2 nu
provokatif soal korupsi jeung perilaku nu nyimpang ti kulawarga
karajaan-pangpangna mah gubernur Mekkah Pangeran Nayef.
Ceuk Carmen, nu ngabebaskeun Masjidil Haram ti kaum ekstrimis teh,
pasukan penerjun payung Perancis. Pasukan ieu nyerbu liwat rohangan
bawah tanah Masjid. Pasukan ieu, saencanna di Islamkeun heula. Lamun
Pasukan Perancis teu pipilueun mareuman nu barontak, barontak ieu
bakal hese dipareuman. Sanggeus kajadian eta aya puluhan jalma
dieksekusi dihareupeun umum di sakuliah nagara.
[Catetan ti Kuring: Wartos masjidil Haram diserebu nu barontak, aya
di koran Indonesia. Tapi soal pasukan perancis pipilueun, rarasaan
kuring, teu aya wartosna di urang]
LESBIAN & GAY
Dina bab nu nyaritakeun Putri & Pangeran karajaan, Carmel nulis yen
para putri teh sabenerna kasepian. Sanajan para putri ieu teh boga
salaki, tapi salakina teu kungsi meakkeun waktu babarengan jeung
maranehna. Akibatna sabagian para putri ieu teh ngayakeun hubungan
ditukangeun ("gelap") jeung putri-putri sejenna. Maranehna nunjukkeun
sikep bogoh, ngarasa timburu jeung nunjukkeun sikep keuheul. Aya
rumor soal pesta lesbian di Riyadh, dimana para awewe saling kenalan
jeung milih pasangan. Carmen kenal jeung wanoja Mesir, pamajikan
urang Arab Saudi nu boga jabatan luhur. Wanoja mesir ieu "bobogohan"
jeung salah saurang putri. Wanoja Mesir ieu ngarasa sedih pisan,
waktu sang putri megatkeun hubungan. Tapi sanajan kitu, Carmen acan
pernah nempo pesta lesbi eta, tapi manehna kungsi diolo supaya
ngiluan!
Sabagian gede lalaki urang Arab Saudi, teu paduli lamun
pamajikan2nana sare jeung awewe sejen. Awewe euweuh hartina nanaon
keur lalaki Arab Saudi, awewe ukur keur dipiboga. Miboga awewe hal
nu penting, tapi lamun geus dipiboga, terus ngalahirkeun anak, awewe
teu penting deui.
Homoseks, dilarang di Arab Saudi, tapi loba rumor, nu nyaritakeun yen
lalaki Arab Saudi sok ngalakukeun homoseks diwaktu ngorana, waktu
saacan kawin. Lamun aya lalaki silih gandeng leungeun di jalan,
saperti sering katempo, teu dianggap hiji pagawean seksual. Beda
lamun lalaki jeung awewe ngalakukeun hal nu sarua, sanajan eta teh
salaki-pamajikan. Pasti dianggap kalakuan teu bener. Pulisi agama
(matawa) bakal mucunghul jeung tongkatna. Kabiasaan homoseks keur
ngora, kadang-kadang teu leungit sanajan umur ngolotan. Carmen
nyebutkeun kungsi papanggih jeung dekorator nu nyebutkeun jumlah Gay
di Arab Saudi leuwih loba tinimbang di Eropa.
[Catetan ti kuring : Rumor soal ieu diurang oge nerekab, dibawa ku
para TKI nu balik ti Arab Saudi, saperti para supir. Bener henteuna
mah nya duka teuing]
Seueur deui nu narik dina biographi Carmen ieu. Maca buku ieu kudu
kritis. Biographi hartina, maca pandangan ka hiji masalah ti kacamata
nu nulisna. Jadi sifatna subyektif pisan. Carmen, Warga negara Swiss,
didikan kulon, asup ka nagara nu kacida tertutupna. Arab Saudi,
sistem pamerentahanan, Monarki Absolut. Jadi tangtuna oge
aya "keterkejutan" budaya.
Carmen oge turunan urang Iran/Persia. Ti baheula keneh urang Persia
jeung urang Arab teh sabenerna henteu pati akur. Ditambah deuih beda
mazhab Islam. Arab Saudi Sunni, Iran Syiah. Jadi tulisan Carmen ieu
oge teu leupas ti sentimen Arab-Persia ieu.
Baktos,
WALUYA
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/