--- In [email protected], "borrococoque" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hmmm Sains sareng agama nya? > Sains sarua oge jeung seni, duanana ge "bebas nilai", hade gorengna > sains jeung seni gumantung ka "the man behind the gun" tea. > > Dina kasus teori evolusi, ceuk kuring mah boh pihak nu ngabela teori > evolusi jeung nu nolak teori evolusi, masing2 boga kalemahan (kuring > teu wani nyebut salah). > > Kalemahan nu ngabela teori evolusi : maranehna nyangigirkeun faktor > Pangeran.
Kuring satuju jeung Kang Borokokok (saha nami leresna ieu teh?). Tapi aya hiji hal nu kudu jadi bahan emutan, keur urang, umat nu ngaku ngagem agama. Soal eta, ayeuna Amerika pan hayang ngabuktikeun naha di Mars teh aya kahirupan/ atawa kungsi aya kahirupan. Landasan teori nu dipake, tina teori evolusi kiwari, nyaeta makhluk hirup kabentuk ku kondisi kimia/fisika. Kuring teu pati apal teori ieu, ngan lamun teu salah mah teori ieu nyebutkeun yen gugus sanyawa asam amino bisa ngabentuk kahirupan nu saderhana, lamun kondisi kimia/fisika ngamungkinkeun. Mars, cenah mah nu kondisina teu pati jauh jeung di Bumi. Aya hipotesis, di Mars, mungkin aya kahirupan sederhana nu mangrupa bakteri. Nu jadi pikiran kuring, kumaha lamun hipotesis ieu bener kabuktikeun? Sanajan meureun urang mah ukur ngareungeu wartos soal panalungtikan ieu. Beuratna, teori yen makhluk hirup teh aya kulantaran kabentuk ku kondisi alam, beuki kuat. Terus kumaha reaksi urang? Nyebut Amerika bohong, siga cariosan Bah Surtiwa di millis sabeulah, soal aya Ajengan di Tasik di Taun 1969, nu kekepehan nolak aya manusa bisa nincak bulan, nepi ka ngayakeun konpernsi Pers sagala? Atawa ngamedalkeun buku, siga buku "Matahari Mengellingi Bumi, menurut Al Qur'an dan Sunnah Rasul", nu nolak heliosentris, terorina Copernicus? (buku ieu tiasa dipeser di toko buku atawa ngalangkungan internet). Nu hartina urang make siasat "burung Onta"? Atawa urang ngaheueuhkeun teori ieu? ..... Cik saha nu tiasa masihan bongbolongan, lamun engke kabuktikeun di Mars teh aya kahirupan/kungsi aya kahairupan ...... Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
