Haturan kang Rahman, Wah raos atuh tiasa ameng ka tempat panas mah, didieumah ti ngawitan sasih september tos tiis, ayeuna komo, di kota Québec mah tos aya badai salju deui. Di Montréal mah teu acan, tapi kapeung suhuna tos dugi ka 4 derajat, mana seueur angin deuih.. ah.., wararegah we kaluar teh..
Lebaran didieu??, ah.. nya kitu we teu rame.. heheh.., tapi engke sonten bade dongkap ka acara halal bihalal sareng masyarakat Indonesia didieu, kaleresan teu tebih tempat acarana ti rorompok, lumayan ubar sono, pangpangna eta kana katuanganana., susuganan mendakan kupat sareng sambel goreng..heheh.., ah.. moal siganamah.., kupat tina plastik paling oge. Baktos, Maria ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Sunday, October 29, 2006 5:57 AM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Kare(k)hol! Teh Maria, Nuhun. Kumaha bejana lebaran di Kanada? Sigana mah geus maju ka tiris ayeuna teh nya? Lah... asa ngarumas oge. Nepi ka imah teh disampkakkeun hawa tiris. Da mani beda geuning jeung di Spanyol teh... Kamari jeung barudak ngojay di laut sagala. Ari nepi ka imah... bet kudu diharudum! Pindah ka ditu kitu he he he. Tapi, sigana mah ripuh oge mun keur usum panas mah... bayeungyang... mola kuat meureun! Enya... kamarana eu teh, mani siga gaang katincak? Malejret atuh! ;)) baktos, Rahman --- In [email protected], Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan Kang Rahman, > > Wilujeng dongkap atuh, puguh sepi milis teh tos sababaraha dinten, abdi sok noongan wae unggal dinten, tapi sepi we geuning, asa di kuburan hehehe.. > > Minggu payun sigana tos ngawitan marulang deui ka permilisan. > > Baktos, > Maria > > ----- Original Message ----- > From: Rahman > To: [email protected] > Sent: Saturday, October 28, 2006 3:25 PM > Subject: [Baraya_Sunda] Kare(k)hol! > > > Baraya, > > Karek hol... kuduna mah rada beurang datang teh. Tapi pesawat na > lambat... mani teu kira2 2 satengah jam. Cape nungguan... padahal > jarak ti Spanyol kidul ka NL teh ngan ukur 2 jam saparapat. Lila > nungguan tinimbang jarak tempuh na.... Naon basa Sundana? Teuing ah... > lieur keneh! > > Kamarana ieu teh... mani jempling kieu? Mabok lebaran keneh kitu he he he. > > Engke... rek mairan deui. Hayu atuh... urang ngadu rahul deui jeung > pagede2 huntu! > > Ari daek ketah!;)) > > baktos, > > Rahman > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
