> > Asana kabiasaan ieu teh mucunghul 10-12 taun katukang. Aya sababaraha urang > batur kuring nu wanoja, nu embung paantel leungeun. Mimiti mah kuring sok > kasigeung ku kalakuan kitu teh. Enya, saha nu teu rek kasigeung,
Kang, Mimitina mah kuring ge olohok mata simeuteun... batur kuring anu diajak sasalaman kalah murengked. Kuring harita mikir... boa2 kuring teh dianggap najis? Ambek henteu... ngan bingung. Sabab baheula mah, jeung manehna teh sok paengke2 sagala. Najan lain kabogoh ge... ari leumpang bareng ge sok patuyun2. Da geus ngarasa jadi dulur asana teh. Nya kitu, barang ditalek ku kuring. Cenah mah.... HARAM... lain muhrim! Disaliksik leuwih jero, singhoreng... manehna teh boga salaki kelompok islamis tea. Anu sagala haram jeung teu meunang. Duka sieun... duka memang geus boga kayakinan siga kitu. Nepi ka ayeuna ge masih keneh teka teki. Jeung deui geus lila teu panggih... jeung teu jelas di mana raratanana deuih. Sabenerna mah pek bae rek boga kayakinan kitu ge. Ngan nya... anu jadi masalah teh, eta kalakuan teh sok jadi pinyerieun batur! Teu pira sasalaman... siga kudu make panyeumpal. Na kuring teh barang najis kitu? Kawas Pangeran enya nitah siga kitu? Sugan Pangeran teh make sistem apartheid? Baluweng!!! :(( baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
