Kang MH,

Enya cenah. Sadam rek dititah digantung! Ari keur kuring mah... teu
panuju kana hukuman pati. Ngadenge Sadam rek digantung teh keukeuh teu
merean.

Tapi... kuring mah geus boga ijiran tianggal na, yen Sadam bakal
dihukum pati. Ngobrol jeung urang2 Irak anu kalabur ka NL. Wah...
kabeh ge arijideun ka Sadam (disebutna ge Sadis... lain Sadam!). Lain
ngan saukur kelompok Syiah jeung Kurdi tapi oge loba Sunni anu
arijideun. Ceuk maranehna... najan dipaehan oge, dosa na Sadam mah
keur bangsa Irak moal bisa katebus.

Ketah. Sadam dina hal ieu masih boga keneh lolongkrang, sabab maneh na
masih keneh bisa naek banding. Tah lebah dieu... di Irak geus aya
kamajuan najan saeutik oge. Hukum jeung hakim lain ngan saukur omongan
jelema sakti siga Sadam anu keur jumeneng, tapi geus jadi PROSES!

Bangsa Irak geus bisa jumeneng oge. Beda jeung bangsa urang. Iraha
Suharto rek diproses di pangadilanana? Teuing teu waranieun, teuing
kapireungpeunan... teuing api2 teu nyaho. Ah... sagala teuing. Padahal
dosa Suharto sakulewedetna mani ngajeblag!

Anu diperlukeun lain HAHAMPURAAN... tapi PROSES... sakali deui PROSES
dina raraga nanjeurkeun bebeneran!

baktos,

Rahman

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Di urang, di lembur urang, upama aya hukuman pati, jiga kasus Tibo
kamari,
> sok loba nu pating corowok, teu satuju kana hukum pati. Tapi anehna,
> nalika Sadam ditibana hukum pati, tacan kadenge aya komentar kana kasus
> ieu. Hehehe.
> 
> salam,
> mh
> 
> -------





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke