Baraya,

Enya ceuk Kang Aep, sigana mah nagara urang teh ngan ririwit bae. Enya
oge... anu balaleunghar loba, ngan mun nempo kahandap... leuwih loba
nu engkek2an. Mun baleunghar kabeh mah sigana teu kaci disebut ririwit. 

Ngan lebah mana ririwitna? Jeung naon deuih anu disebut ririwit teh...
can jelas keur kuring mah. Jeung deui... mun ngaran na diganti (bisa
leuwih alus bisa tambah ripuh ngaran teh!) aya kitu jaminan ieu nagara
bisa alus? he he he.... Komo mun sistem manajeman nagara masih keneh
kitu2 keneh mah... Kalah dilelewan batur atuh, nama sih boleh keren...
tampang ripuh he he he...

Anu jadi pikariweuheun mun ganti ngaran. Bakal nyusahkeun rahayat. Pan
mun ganti ngaran teh kudu numpeng sagala. Beaya na ti mana? Pan
rahayat deui bae... keur mah dahar na ge geus hese! Kudu mere beas
perelek? Karunya! Ulah nyobaan menta perelek ka nu jegud... disengor
satpam na geura!

Heureuy ieu mah! ;))

Perkara ngaran Indone-maneh ceuk Kang Teja gaganti Indone-Sia. Sigana
kurang cocog Kang. Leuwih alus Indone-Dewek... Saluyu jeung kaayaan
ayeuna. Mari berloma2 untuk korupsi... Kitu ceuk hadis na ge! he he he...

Tah... lebah usul Kang Kumi. Nu ieu mah rada keuna. Ngan ejahanana
kudu nyalengor saeutik, lain Nusantara... api... Nusangsara. Luyu
jeung loba kasangsaraan bangsa urang? ;))

Ah... tong dianggap. Keur semprul ieuh he he he....

baktos,

Rahman


--- In [email protected], "Teja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> > Kumahanya lamun Indone-sia ganti ngaran? 
> 
> Kumaha mun Indone-maneh?
> Sabab di lembur kuring mah asa garihal ari ngadenge kecap "sia" teh.
> Heuheu...
>



Kirim email ke