Haturan teh Nenen,

Didieu mah atos minggu kamari, dinten sabtu kaping 11, abdi ge nongton, sumuhun 
eta ge kangge ngabantosan korban gempa Jogya.
Wah.., abdi mani reueus pisan eta gamelanana mani sae.., komo gamelan Bali 
mah..,
Rupina nu maen na oge eta2 keneh.., abdi kenal sareng pa Bambang (ketua 
masyarakat didieu) anjeuna salah sawios anggota degunganana, hiji2 urang indo, 
tapi anjeunamah teu tiasaeun maen dina degungan Bali, saurna memang kadang sok 
manggung di Toronto. Mani lucu we.., ampir sadayana bule nu maenna, kaasup 
sindenna, iwal ti degungan bali aya hiji istri nu narina, nu sigana Urang Bali, 
 wah.. pokonamah sae pisan teh Nenen.., nu darongkap ge ngeprokanana dugi ka 
heheotan heheh..
Pak Dubes RI ge dongkap da 

Ngan hanjakal degungan Sunda mah tacan aya.., iraha nya? urang ngadamel wae 
kitu hehehe.....

Baktos,
Maria

Teh Nenen nyerat :

Engke dinten sabtu malam mulai jam 18.30 - 01.00 dini hari,18 Nov
2006, bade aya acara Indonesian Cultural Night di Royal Canadian
Legion, Toronto, anu digelar ku urang Indonesia anu aya di Toronto.
Wayne tadi enjing pesen ticket-na per orang $35, sebagian uangnya akan
dikirim buat bantu korban gempa Jogyakarta.


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke