--- In [email protected], Dadi Sukardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Shalat, Puasa, Maca Qur'an, Zakat jeung nu lain-lainna eta hiji > kawajiban saurang muslim. Naha cenah aya jelema anu getol shalat, > getol puasa, apal Qur'an masih keneh sok korupsi ?
Haturan Kang Dadi. Kuring oge rada teu pati satuju lamun soal ibadah ka Pangeran dihubungkeun jeung perkara korupsi. Ibadah ka Pangeran mah tangtu wae urusan manusa jeung nu nyiptakeunana. Ari korupsi mah hubungan manusa jeung manusa sejenna. Ieu beda, siga embe jeung kuda ... Naon sabab beda? ah pedah we ningali conto, aya mantan Mentri Agama nu dihukum kulantaran korupsi, Deparetem Agama malah sering disindir departemen pangkorupna. Padahal kuring yakin Pak Mantan Menag jeung PNS di Depag pangrajinna dina soal ibadah ka Pangeran mah. Jadi teu aya relevansina, teu ngarobah nanaon, korupsi tetep jalan sanajan nu korupsina resep/rajin ibadah oge ... Baktos, WALUYA
