Haturan kang Rudi, eh... namina sami sareng nami raka abdi "Rudi".
Gara-gara baso Tasik, jadi hoyong baso,Di Canada mah teu aya baso, aya oge meat ball he..he..he.. punteun ah humor... Osok ngadamel nyalira baso kuah, meser mie, dicampur meat ball, ah... geuningan rasana teh mani teu sami sareng baso di Indonesia, alias teu raos. Panginteun abdi anu teu tiasa ngadamel baso nyalira. Abdi teh nuju rada demam, gara-gara usum tiis deui di Canada, ujug-ujug ngabayang hoyong tahu Sumedang, aya di Canada oge tahu ngan teu aya rasana, hambar he..he..he.. Matak ceuk abdi mah raosan keneh Indonesian food dari pada American food, naha ari barudak ngora di Ind ayeuna mani bangga ka produk Amrik, padahal mah bule didieu teh senengeun masakan urang, malahan senengeun sambel tarasi sagala. Tapi tiasa jadi usaha bisnis anyar, lantaran barudak urang bangga ka produk Amrik, sugan ngadamel bisnis di Indonesia "Sambal Terasi American Style" geura laku he..he..he... Ah... sakali deui punteun abdi ujug-ujug ngabodor... Baktos, Nenendiantiny Gunadi
