Bravoooo... two thumbs up pisan kanggo sepuhna Kang Dadi... mugia sing seueur jalmi anu wijaksana katut seueur kontribusina kamasyarakat sapertos sepuhna Kang Dadi di nagara urang :). Insya Alloh... melak cabe jadi cabe melak bonten jadi bonteng ... melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng... lamun ceuk urang hindu mah mang karma tea... Ieu tah praktekna konsep leadership anu mucekil teh... janten leader sanes pedah gaduh titel haji atanapi gaduh artos sagudang atawa tangtara nu seueur... tapi janten leader kumargi kontribusina ka masyarakat anu teu tiasa di ukur ku naon wae... leading by example & contribution tea :D.
Pasti anjeuna bangga pisan gaduh putra Kang Dadi anu pamikirana positive sapertos anjeuna ... bagja pisan abdi ari maos nu kararieu teh... asaan teh kiamat masih lila keneh kitu heuheuheu... tah harepan pikeun nagara ieu jadi maju ge jadi tambah gede... Salam, Asep ----- Original Message ----- From: Dadi Sukardi To: [email protected] Sent: Wednesday, November 29, 2006 6:44 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fwd: Haji Pengabdi Setan Kahatur ka sadaya Baraya, Sim kuring boga dongeng anu kaalaman ku pun Bapa di Garut dina akhir 60-an tepi ka akhir 70-an, mudah-mudahan bisa jadi eunteung keur urang sakabeh. Ieu dongeng teh aya kaitanana jeung masalah Zakat (Fitrah, Mal, Profesi jst). Pun Bapa harita nyaksian pisan kumaha pagorenyangna jalma-jalma anu ngaku Ustadz, Ajengan, Kiayi, Pajabat Desa, Kacamatan jstna kana harta hasil ngumpulkeun tina Zakat. Anu di akhirna fakir miskin jeung budak yatim mah ngan kabagean sesana (kitu oge mun aya keneh). Nya ti dinya pun Bapa mimiti singkil. Ngan dibaturan ku duaan panyawahna, dina hiji akhir bulan puasa pun Bapa mimiti ngadatangan para muzaki anu percayaeun ka anjeunna pikeun ngumpulkeun zakat. Sanggeus eta harta Zakat dikumpulkeun, sapeser oge teu aya anu disetorkeun ka DKM atawa ka Desa, tapi langsung peutingan lebaran eta harta zakat teh dibagikeun deui ka anu hak narimana. Matak ngangres jeung nalangsa nyaksian kaum miskin waktu harita basa diserenan harta zakat tea. Aya anu tepikeun ka sujud nyebut nuhunna oge awahing ku bungah. Pedah geus sababaraha lebaran asa kakara deui aya jalma anu datang ka imahna bari jeung mere keur kabutuhan hirupna. Tapi kumaha akibatna ? Saminggu pun Bapa dikerem di Koramil, dituduh ngagelapkeun zakat. Padahal sabenerna saha anu salila ieu nyelewengkeun zakat teh ? Taun-taun saterusna pun Bapa tambah dipercaya ku masyarakat tepi ka diangkat jadi sesepuh masjid. Nya ti harita pun Bapa ngarobah cara ngamangpaatkeun harta tina zakat. Ti sakabeh warga anu kaitung miskin, diteangan anu kira-kirana bisa usaha (kreatif), terus dimodalan tina harta zakat eta. Aya anu dagang bajigur, jual beuli gula kawung, anu meuli beca oge aya. Eta modal henteu dibikeun kitu wae, tapi kudu dibayar ku jalan dicicil samampuhna tanpa "bunga" (lain kembang), terus modal anu geus ngumpul deui teh digilirkeun ka warga anu sejenna. Tujuan poko na mah. Kahiji ngomean ekonomi kulawarga anu miskin, kaduana (ieu anu leuwih penting) ngomean tingkat pendidikan anak-anakna. Sabab harita di lembur tingkat pendidikan teh handap pisan, rata-rata teu tamat sd-sd acan. Sugan ari kolotna bisa usaha mah, bisa nyakolakeun anak-anakna ka sakola anu leuwih luhur. Meureun ari geus boga modal elmu mah kahirupanana moal siga kolot-kolotna teuing. Tah kitu baraya sadaya, program pengentasan kemiskinan teh teu kudu muluk-muluk, mimitian we ti lingkungan anu pangdeukeutna jeung urang. Insya Allah bakal langsung karasa hasilna. Asal urang ikhlas lillahi ta'ala dina ngalaksanakeunana, ulah aya pamrih nanaon keur kapentingan pribadi. Nyanggakeun ! Baktos, Dadi. Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tinimbang mere barang konsumsi, kumaha mun eta duit dijieun investasi? Enya... nu miskin perlu dahareun. Tapi sa leuwih hade mun dibere USEUP na tinimbang lauk mah. Skenariona kieu. Duit zakat (naon bae) kumpulkeun. Hek digolangkeun (diinvestasikeun), nyieunan pipagaweaneun. Terus nu mariskin teh sina garawe. Sigana moal ngagantung teuing. Enya... ieu mah teori muluk. Tapi, mun teu dicoba jeng teu dimimitian moal bisa kabuktian bener henteu na lin? Sigana mah kaitung BEDAS oge ieu pimodaleun teh. baktos, Rahman --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > zakat fitrah mah biasana dibagikeun dina bentuk barang konsumsi, nyaeta beas > tea, jeung deuih jumlahna ge saeutik, da dina aturanana ge kitu. Anu boga > potensi gede mah zakat nu sejenna: maal & profesi, nu ku sabagian organisasi > dipake pikeun ngayakeun rumah bersalin gratis, tatamba gratis, beasiswa, > jsb. > > On 11/29/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Eta... aya nu terang. Duit zakat fitrah tiap taun tea, kaman nya > > lumpatna? Haaar... los2 kana zakat deuih! Bae ah... da ngarana ge > > ngalindur. Jalurna ge pan sok teu puguh! he he he... > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > Salam Sejahtera, DSKCG --------------------------------- Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed]
