--- In [email protected], "Suteja Amijaya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ngiring ngalalakon, etang2 mulangkeun panineungan... >
Hatur nuhun pisan, Kang Teja. Katampi pisan. (Ka sohibul bait, Kang Rahman, punten abdi nyolongkrong kitu bae. Teu uluk salam heula. Mugia ulah kirang-kirang nawakup. Punten). Nanging, Kang, aya sawatara hal sanesna nu abdi hoyong terang: Eta sakola Akang teh sabaraha kilo kinten-kinten jarakna ka bumi atanapi ka lembur Akang? Oge ka Galunggung? Kalih ti eta: Salaku budak, saemut Akang, naon bae nu dilakukeun ku salira salami Galunggung bebeledugan teh? (Pan, Kang Eko mah karah lalajo? Siga kamari urang ngadon piknik ka "Situ Lapindon"). Hatur nuhun sateuacanna, Kang. Punten tetelepek pisan. Salam, MGT
