> > Mugia di urang ge walo nembe wacana tiasa kapayuna bener- bener dilaksanakeun, pamarentah mun tiasa mah ngaluarkeun UU perlindungan Heritage Sites ulah nepika sangeunahna wae di ancurkeun kitu. Masalah heritage sites ieu penting pisan keur bangsa urang keur nunjukeun ka bangsa lain yen urang teh ngahargaan sajarah jeung ngahargaan bangsana sorangan. >
Kang Asep, Puguh aya nu dipikasieun ku kuring. Inget kana kajadian didinamitna patung Buda di Bamiyan Afganistan teu? Taliban ngancurkeun ieu kakayaan sajarahna... alatanana cenah MUSYRIK!!! Wah, mani milu keuheul. Handeueul na ge karasa keneh. Tah, di nagara urang. Kelompok anu saaliran jeung Taliban keur maceuh. Kasieun kuring, titinggal karuhun sabangsaning Borobudur, Prambanan, oge patilasan2 anu nyampak di Tatar SUnda BISI diancurkeun ku para panganut Taliban versi RI. Kulantaran MUSYRIK tea! Mun teu salah mah kungsi oge kajadian lin? Borobudur dibom oge. Hiji stupa na apan ancur! Padahal hartita mah... jurusan Taliban teu pati maceuh siga ayeuna. Terkah naon anu kudu dilakonan, sangkan kajadian siga di Afganistan teu ngarembet ka RI? baktos, Rahman
