--- In [email protected], "Aasep Tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Abdi sempet nga browse di google milarian info ngeunaan Ibu Nina > ieu... pan supados tiasa gembleng memahami tulisan nana urang kedah > terang background anjeuna kitu... tah ternyata anjeuna oge salain > ahli sajarah oge janten ajengan :). Panginten aya conflict of > interest dina nulis oge da meureunan pakuat pakait jeung background > anjeuna eta hehehe.
Kang Asep, Bu Nina Lubis teh ahli sajarah, docktorna ti UGM, muridna Prof Sartono, akhli sajarah sosiologi. Bu Nina kenging gelar doctor tina desertasina " Menak Priangan" ( ah poho judulna lengkepna mah). Kontroversi soal buku/tulisan Bu Nina, mimiti nucunghul waktu anjeunna jadi ketua team nu ngadamel buku "Sajarah Jawa Barat". Nu ngamasalahkeun, lain jalmi jore-jore, tapi Pa Ayip Rosyidi nyalira. Artikel Pa AR dina PR, peureus pisan, bebeakan ngritik buku Bu Nina. Pa Ayip dugi ka nyerat ieu buku sajarah "proyek",kulantaran buku ieu didanaan ku Pemda Jawa Barat. DIgawekeun sambarangan, teu taliti nempoan fakta jeung data. Bu Nina oge, di UNPADna sigana aya masalah, da kungsi maca, soal telatna anjeunna diangkat janten Guru Besar di UNPAD. Jadi memang anjeunna kalebet "sajarawan kontroversial". Tapi kuring tetep ngahargaan, sabab anjeunna produktif pisan tulas-tulis di media. Baktos, WALUYA
