aduh nahanya jadi urang manado nu kabawa-bawa...leluhur abdi aya urang manado oge yeuh...ceuk abdi mah dimana-mana nu ngarana lalaki teh sami wae lah karesepan ngoleksi awewe mah teu ninggal eta ti sunda, manado, paris, mozambik, atawa si jacky chan ceuk urang cina teh....sami mawon lah hehe...betul??? ceuk si Kiwir teh di REpublik BBM tadi malem...
----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Tuesday, December 12, 2006 8:37 AM Subject: Lalaki Sunda :) - Re: [Baraya_Sunda] Re: Pura Siliwangi Enya urang Manado (Minahasa) lalakina resep ngoleksi awewe. Ieu kabiasaan heubeul ti samemeh asup Agama Kristen kadinya. Maklum kabisaan, sanajan agama ngalarang ge, tetep we aya nu ngalakukeun. Kuring poho istilah daerahna. Tapi rada ngaharib-harib ka gundik (nyai- nyai). Cenah, baheula di lembur kuring di Sumedang, aya urang Manado pagawe PU jaman walanda tukang mariksaan jalan raya Bandung-Cirebon. Tuan Benyamin aranna teh. Tuan Benyamin teh diimahna "ngukut" awewe tepi ka genep urangna. Awewena urang sunda meunang "mulungan" timana-mana. Imah Tuan Benyamin gedong (maksud teh imah tina tembok). Ayeuna jadi bale-desa di lembur kuring. Tuan Benyaminna nyalira maot aya nu nembak di daerah Indramayu keur jaman revolusi. Baktos, WALUYA -- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aa Asep ni capetang ih... abi bogoh... hihihih... > > nu sok nyandung mah cenah urang manado, nyaanna ge ieu teh ceuk babaturan > kuring nu urang manado! hahah... Matakan, anu sok nyebut urang Sunda beuki > kawin mah bisa disebut kurung batok... Dina mindengna oge, biasana mah lain > kusabab beuki, tapi butuh... [Non-text portions of this message have been removed]
