--- In [email protected], "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ngan maksud kuring mah mempertanyakeun (ka saha nya?) naon > maksudna teh erna > nulis kitu? naha ukur stori (curhat, basa kuring) kitu? da > katingalina ku > kuring dina tulisanna, teh erna siga nu pernah "dinyeurikeun" ku > agym.mjigahna mah asa diancam ku agym.
Nya duka teuing atuh Kang Dud, da meureun nu bisa ngajawab ngan Erna sorangan. Ngan nyaeta keur publik Erna "lain sasaha", lain selebriti jiga Aa Gym. Jalma moal ningali Ernana, tapi ningali wartosna soal Aa Gym. Erna bade nyerieun hate, bade syirik kana kasuksesan Aa Gym, publik moal paduli. Tangtu wae ari keur nu icikibung di media mah, tiasa wae ieu masalah kode etik, tapi eta mah bagean Dewan Pers jeung Aa Gym nyalira, nu mungkin ngarasa dirugikeun. Ari publik mah (paling henteu kuring) teu rugi naon-naon, malah jadi nyaho ...euh geuning kitu nu sabenerna mah ... Baktos, WALUYA
