Kang Kumi sareng Kang Rahman,
Sae pisan eta pamikiran, mun pamikirana siga kitu pasti aman tengtram ieu dunya 
:). 
Ngeunaan Ahmadiyah, abdi gaduh rerencangan sakola nuju SMA da ti baheula oge 
ulin mah sok jeung saha bae rek agama naon wae atawa teu boga agama oge teu 
paduli nu penting maranehna eta teu pernah ngayerikeun. Pas harita jaman 
Ahmadiyah di tenggoran rerencangan eta ngirim imel ka milis alumni anu ceuk 
abdi mah nyeletit pisan kana ati sedih pisan jeung jadi era sorangan kitu 
eusina teh kirang langkung siga kieu... rerencangan sadayana kuring nganut 
paham ahmadiyah ti aalit kulantaran kolot kuring oge sarua, kuring teu milih 
paham ieu kulantaran kuring dilahirkeun di paham ieu... salama ieu ceuk kuring 
mah paham ieu teh bener jeung ageman kuring... jeung salama ieu paham kuring 
ieu can pernah ngarugikeun batur... kuring ngadangu di Indo ceunah babaturan 
kuring ditalenggoran... naon salahna kuring jeung naha bet kitu?

Speechless oge abdi tah... jawaban abdi diplomatis barijeung era ... ceuk abdi 
perbuatan makar teh teu islami jadi lamun aya misalna perbedaan jeung sagala 
rupana leuwih alus diselesaikeun ku diskusi jeung musawarah. Mudah-2an 
pamarentah tiasa ngusut perbuatan makar eta secara tungtas.

Salami ieu abdi jeung rerencangan eta teu apal manehna Ahmadiyah jeung deuih 
teu paduli oge, inget keneh keur SMA mah sok silih porosotkeun calana da jaman 
abdi mah ngetrend heureuy na teh biasana lamun keur malaweung sa eutik langsung 
weh di serbu terus dicandak ka payun caket papan tulis... langsung weh calana 
diporosotkeun ku kabehan nya puguh we atuh istri-2na ngajarerit tea hehehe... 
aya oge anu resep heuheuheu nutupan beungeut make dampal leungeun tapi dibuka 
tea teu rapet jari-2na hehehe. Ngan tara dugika tataranjang da ngan nunjukeun 
warna kolor wungkul heuheuheu. Dipikir-2 mah ayeuna asa euweuh gawe kikituan 
tapi baheula mah resep weh hehehe.

Kabayang tah lamun misalna urang ngumpul ayeuna geus karolot siga kieu.... 
misalna kompak korban na Bah Willy hehehe pas ngaliwat langsung Kang Rahman 
ngiceupan... kuring oge ngarti terus Kang Kumi ge geus tatan-2... beeeer weh 
ngudag Bah Willy rek naranjangan ... kabayang tah Teh Nenen sareng Teh Maria 
... Huaaaaalah anaconda booo ceunah ;) ... trus gdublak langsung pingsan 
heuheuheu. Ceuk Kang Teja jeung Kang Tatan spontan.... eiiiit ke heuuuuula eta 
mah anakna ceunah hehehe :) Punten ah kamalinaan emut ka jaman baheula hehehe 
:).

Salam,
Asep


  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 13, 2006 3:18 PM
  Subject: Balasan: [Baraya_Sunda] Re: Agama= Matematik?



  > 
  > Ari ceuk pamikir kuring mah, sakumaha anu kungsi bulak-balik
  diobrolkeun,
  > urang kudu yakin kana benerna naon anu jadi pilihan urang. Kuring yakin
  > ajen2 Islam teh bener, nya pon kitu oge si X, misalna, anu yakin kana
  > Kristen anu diagemna. Teu aya masalah. Jadi naon atuh anu
  > diributkeun/dipaseakeun teh?
  > 

  Kang,

  Tah kitu. Mun KABEH geus bisa mikir siga kieu... moal aya anu pasea
  alatan ageman. Hanjakal... masih keneh loba manusa anu ngajejeleh
  ageman batur, bari teu ngarti kana esensi boh ageman sorangan boh
  ageman batur. Da mun diteengetan mah, EUWEUH ageman anu ngajar TEU
  EUCREUG. Kabeh ge nuyun jeung nungtun umat na kana jalan anu alus. ANu
  beda teh JALAN jeung KANDARAAN na wungkul.

  Pan mun rek naek haji ge: bisa make kapal cai, kapal udara, rek make
  sapedah ge bisa nepi ...mun daek mah. 

  Tujuan na hiji, cara na sangkan nepi ka eta tujuan beda2. Ieu ge...
  berlaku keur intern hiji agama. Makana, kuring mah ngarasa sedih...
  Ahmadiyah make dibeberik, komo make rek dipaehan sagala kusabab sesat
  cenah? :((

  Ari ceuk kuring mah... nya keun bae, urang Ahmadiyah percaya kitu? Ah
  teu ganggu ieuh asana teh.

  Mudah2an ieu kasadaran aya na perBEDAan: kahayang, pipikiran, cara
  hirup, referensi di masyarakat urang tiap poe makin nambahan. Leuwih
  hade enerji nu aya dipake mikiran hal2 anu aya gunana jang
  kamaslahatan bangsa jeung umat manusa.

  baktos,

  Rahman



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke