Heheh.., leres kang, ngawitan kadieu abdi ge mani helok pisan.., kantos ngahaja jalan2 ka daerah dimana kaum gay ngumpul.., sapanjang jalan seueur restoran, klub2, mani rame pisan.., nu darongkap ampir sadayana pasangan gay.., kapeungmah abdi ge sok manghanjakalkeun.., kasep2 gay hehehe.., Tatangga abdi, purah dipiwarang pang lereskeun sagalarupi di rorompok, nu teu beurat, saurang homosex oge, manehna hirup saimah sareng pasanganana tos 20 taun langkung saurna.., eleh pasangan hetero ge.
ngudud ganja ge sami didieumah moal ditangkep ku pulisi, numatak nu ngudud ganja teh tiasa mendakan dimana-mana, utamina di taman2. Aya nu ditangkep ku pulisi oge.., tapi sanes pengguna, pengedar nu ditangkep pulisimah. Numatak turis2 Amrik mah dongkap ka Kanada teh ngadon ngaganja. Didieumah di propinsi Québec, aya hiji partai jangjang kenca, nu seuseueurna di pilih ku kaum nasionalis Québec hungkul, kawas caroge abdi, mani fanatik pisan ka partai ieu. Ayeuna ketua partai ieu, saurang Homosex. Tapi tos sataun ayeuna pamarentah federal kanada dikuasai ku partai konservatif, nu matak saurnamah pernikahan gay teh ku partai ieu nu kawasa ayeuna di pamarentahan, bade ditinjau ulang deui.., duka tah.., hasilna kumaha engkena.., tapi saurnamah moal dugi ka dibatalkeun.., malihan taun payun mah sigana bade aya pemilu deui.., bade didudut deui eta partai konservatif siganamah.., partai nu teu satuju ka homosex, teu satuju kana protokol kyoto, satuju pisan tangtara Kanada dikirim ka afghanistan, sareng nu utami; sohibul baetna juragan Bush. Baktos, Maria Kang Asep nyerat : Hehehe sigana Canada mah bebas pisan nya :). Abdi kantos maca di news hilap dimana, kaum swinger oge tiasa nyalurkeun hobby-na sareng legal deuih aya aturan hukumna. [Non-text portions of this message have been removed]
