--- In [email protected], "Aasep Tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Whuaaaah ieu leuwih parah Bah Willy... ngerakeun pisan yeuh urang > sumedang heuheuheu.
Dasar baragajul ..... Enya Sumedang teh geus robah pisan ayeuna mah. Deukeut teuing ka kota gede (Bandung). Jadi nu goreng ti Bandung teh, ayeuna mah asup ka pasisian. Kuring oge ari balik ka lembur sok kaget ari ngareungeu aya budak jadi pecandu ganja, putauw ...jst. Malah kungsi aya warta dina koran, aya Haji nu jegug di Sumedang, ditangkep pulisi, da kasedepna narkoba (Kabeneran Haji ieu teh, batur kuring ulin keur leutik!). Kamari saurang PNS, deukeut lembur kuring ditewak pulisi, da jadi bandar ganja. Ku pulisi diteunggeulan. lapur ... dugi ka maotna. Atuh batur salemburna demo, tepi ka nutup jalan Bandung- Cirebon. Padahal baheula, jaman kuring keur leutik, kungsi aya kajadian urang B*t*k di "persona grata"keun ti lembur kuring, sabab manehna meuncit anjing keur didahar. Urang B*t*k ieu, salaki batur salembur nu geus lila ngumbara di Jakarta. Mulang ka lembur, bari mawa salaki. Hiji waktu si salakina ieu, meuli anjing hideung. Urang lembur nyarangkana teh keur ingueun we, keur ngajaga imah. Ari pek dipeuncit, lain gujrud salembur. Urang peuntas ieu akhirna disidang, di"persona grata"keun teu meunang cicing di lembur kuring. Ayeuna? wah nyaeta, di lembur kuring aya warung nyadiakeun miras sagala, sanajan bari susulumputan oge, tapi da sarerea oge nyaho yen tukang dagang jamu nu asalna ti Jawa Tengah teh, dagang jamu ukur kamuflase, da di kamarna mah numpuk Miras. Anehna, ayeuna mah, batur salembur kuring teh "gede toleransina" .... beda jeung jaman baheula! Baktos, WALUYA
