Wah buah kadu mah kaseneng abdi atuh, bulan kamari abdi meser kadu di China Town, ari Wayne mah rada hemeng kana kadu teh ceunah salain bau-na siga bau hitut, sareng buahna siga ee... (punteun rada jorok) he..he..he.. siga-na mah pembawaan kuhawa tiis, jadi rasa kadu teh rada hambar, sareng bauna rada aneh........
Leres kang Waluya abdi teh gaduh rencana mulang musim panas taun depan, kumargi adik abdi bade ngayakeun pesta pernikahan di Kuningan. Makana abdi ti ayeuna nuju ngabanding-bandingkeun harga ticket pesawat ti setiap perusahaan pesawat komersial, ngan abdi mah cocok kana CX (Cathay Pacific Airlines), kumargi transitna ngan sakali nyaeta di Hongkong sareng tetep nganggo CX deui langsung ka Jakarta (Jalur; Toronto - Vancouver - Hongkong - Jakarta), ngalewat Jepang, tapi teu transit. Nyaan saur adik oge Kuningan ayeuna mah tambah geulis, sareng rame, teras-terasan ngabangun perumahan tina Perum tipe SS sampe ka tipe mewah, ngan kudu tetep ngajaga hijau, ulah sagala dituaran akhirna matak bencana alam. Barudak-na keren, ih... ari masalah wanoja Kuningan mah tikapungkur oge gareulis, kulitna hejo carulang, ngan ari kaum pameget-na rada sakedik eror he..he..he.. Ayeuna mah gaya hidup barudak ngora Kuningan oge ke-Amrik-amrikan, ah.. keun bae, asal kabaya ulah diganti bikini, matak krisis sosial. Abdi mah komo teu apal wilayah Kuningan, waktos di Surabaya oge ngan sataun sakali ngalongok Kuningan, eta oge sakalina ngalongok paling lami ngan saminggu. Atuh matak resep jalan-jalan di Bandung, salain ngalongok nenek, uwa, tante, tiasa balanja dianter ku kang Waluya + Istri, sareng meser colenak, ngalongok kota Bandung anu tambih macet panginteun... Salam tepang kanggo istri kang Waluya, hatur nuhun kersa ngabaturan abdi upami ka Bandung, ari abdi mah teu apal wilayah Bandung, matak tersesat he..he..he.. Baktos, Nn
