*Titinggi* <http://su.wikipedia.org/wiki/Titinggi> (Kelas *Diplopoda*,
saméméhna disebut Chilognatha) mangrupakeun
artropoda<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Artropoda&action=edit>panjang
nu awakna silindris sarta boga dua pasang
suku <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Suku&action=edit> dina
unggal ruas awakna (antara 20 jeung 100 ruas).
Sato<http://su.wikipedia.org/wiki/Sato>ieu kaasup
hérbivora<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=H%C3%A9rbivora&action=edit>,
lambat, jeung teu peurahan; béda jeung dulur deukeutna,
babakaur<http://su.wikipedia.org/wiki/Babakaur>(Kelas
Chilopoda <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Chilopoda&action=edit>),
nu kaciri tina sukuna nu sapasang dina unggal ruas/bukuna. Titinggi mah
lolobana ngahakanan daun <http://su.wikipedia.org/wiki/Daun> nu geus buruk
jeung sésa tutuwuhan <http://su.wikipedia.org/wiki/Tutuwuhan> paéh lianna.
Méméh dihakan, titinggi nyékrésikeun cairan pikeun ngabaseuhan kahakananana.
Kelas artropoda ieu dianggap mangrupa
sato<http://su.wikipedia.org/wiki/Sato>munggaran nu ngajajah daratan
dina periode
géologi<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Periode_g%C3%A9ologi&action=edit>
Silurian <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Silurian&action=edit>.

Kaahéngan utama sato ieu téh nyaéta jumlah sukuna, nepi ka dina basa
Indonésia <http://su.wikipedia.org/wiki/Basa_Indon%C3%A9sia> mah disebutna
gé *kaki seribu* (suku sarébu). Ogé dina basa Inggris, ngaranna téh *
millipede*, tina basa Latin <http://su.wikipedia.org/wiki/Basa_Latin> *milli
* ("rébuan") jeung *ped* ("suku"). Jumlah suku titinggi sabenerna teu nepi
ka sarébu, rata-rata 40-200 pasang, najan aya ogé spésiés langka nu jumlah
sukuna nepi ka 375 pasang.

Kusabab sukuna loba tur parondok, titinggi mah ngarayapna kawilang laun,
tapi jago pisan dina hal ngaliang. Kusabab laun sahingga moal bisa ngejat
mun aya nu rék ngamangsa, cara béla dirina téh ku jalan ngaréngkol jadi
bentuk koil—sukuna nyumput di bagian jero, dikuriling ku ruas awak nu
haleuras. Aya ogé sababaraha spésiés nu nyékrésikeun cairan
peurah<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Peurah&action=edit>,
atawa gas hidrogén
sianida<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hidrog%C3%A9n_sianida&action=edit>tina
pori <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Pori&action=edit>mikroskopis
sapanjang awakna. Cairan sékrésina aya nu ngandung
asam <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Asam&action=edit> nu bisa
ngaduruk 
éksoskeleton<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=%C3%89ksoskeleton&action=edit>
sireum <http://su.wikipedia.org/wiki/Sireum> jeung prédator
serangga<http://su.wikipedia.org/wiki/Serangga>,
sarta kulit <http://su.wikipedia.org/wiki/Kulit> jeung
panon<http://su.wikipedia.org/wiki/Panon>prédator nu leuwih badag.
Pikeun
manusa <http://su.wikipedia.org/wiki/Manusa> mah cairan sékrési ieu teu
matak bahya, kudu waspada sotéh mun keuna kana panon atawa kateureuy.
Lemur<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Lemur&action=edit>ngamangpaatkeun
cairan sékrési ieu pikeun nolak serangga nu sok ganggu,
sarta pikeun tujuan
psikoaktip<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Psikoaktip&action=edit>.
Titinggi aya ogé nu
ampibi<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Ampibi&action=edit>
.

On 12/18/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Asal ulah jadi titinggi we lah! ;))
> Titinggi teh sarua jeung kaki 1000 kitu?
>




-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke