> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
 > Lain Kang. Naha euweuh dahareun laternatif lian ti beas kitu? Ceuk
> kuring mah aya hade na mun sistem barang dahar di urang tong monoton
> teuing. Ngan beas jeung beas deui bae.

Nu matak Kang RH, nu baheulana kadaharan pokona lain sangu/beas, ayeuna
malah disaragamkeun sina dahar beas. Atuh kabutuhan beas teh jadi gede
pisan. Di Indonesia Wetan, pangpangna di Papua, Maluku atawa NTT, kadaharan
pokona (baheula) sagu atawa hui/taleus. Datang weh si "buuk lempeng" (=
rambut lurus, keur nandakeun urang Indonesia kulon) nu kabeukina sangu. Atuh
padumuk asli teh ngariluan dahar sangu ....... bari jeung rewog, da meureun
asa teu wareg wae (lain bohong sangu saboboko bisa beak didahar ku
sorangan!). Lila-lila jadi kabiasaan, "pepeda" jadi "nyamikan", sangu jadi
nu poko. Padahal di Indonesia Wetan mah, melak pare acan ngabudaya siga di
Indonesia kulon/Tengah. Atuh kabutuhan beas teh kapaksa meuli ti luar Nagri
sabab di Indonesia kulon oge masih kurang, baroraah keur  Indonesia Wetan.

Kuduna mah nu geus biasa kadaharan pokona lain beas mah, dianggerkeun we,
teu kudu dirobah .........

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke