> > Didieumah atuh da masyarakat indonesia na ge saalit pisan Kang Rahman, teu kawas di Walanda sigana seueur pisan. Seueur bangsa2 Arab mah, tapi da teu patos uninga lamun maranehna Kurban kumaha, asa teu patos santer beritana didieumah Lebaran Idul Adha teh. Ari urang Indonesia mah (naroskeun eta ge ka rerencangan), biasanamah sok di kalemburkeun we daging na, da meureun didieumah piraku sugan jalma2 teh teu bisa dahar daging. >
Teh Maria, Teh NN, Tah enya kitu Teh. Mun niat rek kurban mah mendingan duitna dikirimkeun we ka lembur. Mun bisa mah kurban na sing badag... terus bagikeun dagingna di lembur. Utamana mah ka jelema2 anu teu mampuh. Sakali2eun mah atuh sina gede asupan protein na. Puguh, kuring ge ka batur2 anu ngumbara di NL sok ngojok2 sangkan kukurbanan teh sina di kalemburkeun masing2. Lain kunanaon lebar we mun di NL kurban na, da direcah jeung dibagikeun ka jelema anu mampuh. Keneh2 kehed.... ongkoh kurban, kabagean deui... Teu kaci ceuk kuring mah, pabalik letah atuh! Sakalian... baraya anu ngumbara di luar nagri. Taun hareup mun aya niat kurban... pek kurban na di LEMBUR! Teh maria, tos terang iraha Si Utun lahir? Tos terang jenis kelamin na atawa henteu. Ketah mun rusiah mah tong dibocorkeun atuh he he he.. baktos, Rahman
