Hehehe ... rieut pisan nya ;)).. pas kamari ngobrol jeung babaturan kabeneran 
manehna pas pisan numpak Lion Air anu tiseureuleu tea ... aya manfaat positif 
ceunah tina eta kajadian... pas harita kapal eta teu bisa ngerem...jeung rek 
tikusruk... babaturan eta langsung acong-2an bari pias ngado'a ka Gusti Nu Maha 
Suci...menta salamet... laptopna anu disimpen dina bahasi di luhureun sirah 
dugika luncat sapuluh korsi kahareup... barang-2 lain oge laluncatan ceunah 
:(... geus kitu korsi-2 anu tempat urang nyangreudkeun iket pangaman teh 
kalahka coplok tina lantaina anu antukna korsina nubruk ka hareup ceunah.... 
waaah eduuun eta nga-do'a mani husu pisan ;))... kabayang pan safety jeung 
security system teh teu dipikirkeun pisan... da meureun eta... korsi anu kudu 
na di mount make baud 4 siki jadina meureun 2 weh cukup da geus pageuh... :(... 
tempat bahasi di cabin ge nu penting nutup... ari lock na tahan henteu na mah 
paduli teuing meureunan :(.

Tadi enjing ngadangu di TV... pilot adam air seueur anu resign kulantaran poor 
safety tea... kalahka rek di tuntut geura ku adam air kulantaran ceunah 
kontrakna can beres :(... riweuuuuh nya. Mending maeot atawa di tuntut? Pilihan 
hese eta pan :(.

Kabayang babaturan eta... ngadadak manehna jadi religius pisan heuheuheu... 
janten lamun Neng Titi Kamal mah mendadak dangdut di garut hehehe... tah 
babaturan mah mendadak religius di Lion Air kitu heuheuheu.

Salam Mendadak Religius,
Asep

  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, January 06, 2007 4:05 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fw: MASKAPAI PILIHAN DI 2007


  He he he he.... Sableng euy! ;))

  Aya tambahan yeuh, Anu nomer 2 (Adam air).... pan boga slogan siga
  kieu: terima take off---- tidak terima landing. Geus kabuktian...
  teuing nepi ka mana? Kabeh pan bingung, pajabat ge kalah maen teka
  teki. Di mana Adam air landing? Moal kitu BALIK deui ka swaraga
  babarengan jeung Eva air, rek malikkeun buah khuldi ka Pangeran? 

  Ah... jadi teu eucerug ieu teh he he he. Puguh loba jelema
  katalangsara!:((

  baktos,

  Rahman

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke