> --- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ternyata tidak juga. Karena kita juga melihat adanya fakta dari > korban > lain: mereka yang disiksa dan dibunuh berdasarkan agama yang > tercantum > dalam kolom KTP mereka. Kasus konflik di Ambon dan Poso menunjukkan > fakta bahwa, seseorang dapat saja terbunuh seketika, hanya karena ia > berada dalam waktu dan tempat yang salah.
Tah kitu, kadang-kadang Identitas teh sok jadi mawa mamala tinimbang kaalusan. Waktu kuring survey di Kalbar di taun 1982, dua taun saentasna kaributan rasial antara etnik Dayak jeung etnik Madura (taun 1979/1980), salah saurang babaturan nu bareng survey teh urang Madura kalahiran Makassar. Salila survey, nu apruk-aprukan ka kampung-kampung urang Dayak di kajeroan Kalbar, babaturan kuring teh salawasna ngaku ....... urang Bugis ...hehehee, bakating ku sieun. Komo waktu tanaga lokal nu urang Dayak, patatang-peteteng, nyarita:" Ini dayak asli, musuh orang madura", bari ngamang-ngamang bedog ... Untungna teh dina KTP teu aya kolom suku bangsa, nu aya teh ukur kolom tempat & tanggal lahir. Coba lamun aya kolom suku bangsa, kacipta we kariweuhanana. Paling henteu, manehna bisa kabur, embung neruskeun survey, padahal manehna teh kaasup tanaga akhli nu diperlukeun. Sigana kolom agama dina KTP oge kitu, bisa mawa mamala lamun dibawa ka tempat anu salah. Nu kuring kurang kaharti, ari kolom identitas agama dina KTP keur naon nya? da ka masjid mah teu perlu KTP. Duka upami ka tempat ibadat umat sanes mah (Gereja, kuil jst), tapi sigana mah teu perlu oge. Cik sugan aya baraya anu terang, naon kagunaan kolom agama dina KTP? Baktos, WALUYA
