Nuhun Kang, Lain teu percaya. Pan mun contona beuki loba, bakal leuwih kaharti. Begituh he he he...
Tuh, pan geuning aya deui harti sejen. Lain kecap pagawean geuning di dieu mah, tapi 'jadi' kecap sifat? Atawa memang asalna kecap sifat anu dipake jadi kecap pagawean ... atawa sabalikna? Teuing... sabab sumber tinulis basa Sunda mah heureut geuning, hese rek nyieun jujutan na ge. Enya, dina entri bedang, aya murugul geuning. Dina Eringa mah teu aya. Hanjakal din LBSS euweuh entri murugul atawa anu memper2 kadinya nay? Sugan dina sumber anu leuwih kolot aya teu nya? Misalna dina transkripsina carita pantun? matanghul... murugul... bedegul... Jadi panasaran! ;)) baktos, Rahman --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Owh... pedah teu percaya kana conto anu diasongkeun Kang Suteja & Kang Asep, > nya? Heuheu... > Dina kamus koneng LBSS, kecap murugul aya dina pedaran kecap bedang: > > "bedang: wangkelang, bedegong, murugul, mawa karep sorangan". > > Mun nyaksrak internet, bisa oge mendak roman Tempat Balabuh karya Aam Amilia > (pangarang Sunda moyan) anu dimuat di PR ( > http://www.geocities.com/ruslannuryadin/pdf/tempat_balabuh.pdf): > > Warman sok buad-baeud. Pajar teh lain dedegan jelema bener si Warman mah. > Keur naon dituturkeun. Mun harita kuring ngagugu kana caritaan Ceu Eha, > meureun moal kieu kajadianana. Tapi dasar diri keur dilolongkeun ku cinta, > kuring beuki murugul. Antukna bobogohan teh sok sumput salindung, ngarah Ceu > Eha henteu uningaeun. > > "Wawat, Wawat teh geulis, sakola lulusan SMA, piraku henteu loba deui nu > naksir, ngeukeuhan teuing Warman," saur Ceu Eha. Duh, mani asa dikumaha boa > dikitukeun teh. Kabogoh dihina, hate sorangan nu asa diwewejetna. Nepi ka > basa Kang Warman ngajakan indit, kuring henteumikir panjang deui terus > ngaheueuhkeun, terus ngi.......... > > On 1/11/07, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Susuganan aya kalimah2 anu bisa dicutat tina novel, roman atawa teks > > tinulis sejen na anu make ieu kecap? RH > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] >
