Kang,
Hehehe kinten2-na atos janten sosialist teu acannya? Pasal 33 pan nagara gaduh 
kakawasaan anu sakitu ageungna demi nagara sareng keur nagara ;).

Iraha bae walo urang tos gaduh SHM... Nagara tiasa ngadudut da ceunah kanggo 
nagara oge keur nagara :). Dasarna uud.. Jadi lamun ngalawan berarti ngalanggar 
uud... Bisa disintreuk apanan :).

Bi Cicih Lamun teu aya pakuat pakait jeung nagara bisa tadjirna teu nya? 

Salam,
Asep

-----Original Message-----
From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Sent: 01/20/07 03:55 PM
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Sosialismeu?

Kang,

Sigana aya alusna mun RI disosialis atawa dikomuniskeun. Moal aya
tukang dagang asong, moal aya wawarungan, moal aya tukang cendol, moal
aya tukang tahu, moal aya gorobag dorong, moal aya tukang beca, moal
aya... naon deui nya... da kabeh TEU meunang he he he. Ieu mah ceuk
komunismeu jeung sosialismeu gaya heubeul, teuing kumaha ceuk nu gaya
anyar mah.

Dadagangan mah apana sistem PASAR alias kapitalis tea lin?

Meureun tenang oge kaayaan bangsa urang. Kabeh rahayat dibayuan ku
nagara (genah oge!). Pasar moal jorok meureun, da diatur ku nagara
lin? he he he. 

ANu karunya mah ka Bi Cicih tukang lotek... dilarang jual lotaek! Teu
meunang ku nagara! Padahal Bi Cicih mah jujualan teh lain ku butuh2
teuing... bating ku resep ngaladenan batur, cenah. Kumaha tah? ;))

baktos,

Rahman


Send instant messages to your online friends http://asia.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke