Tah..tah... geuning aya urang bogor oge ! Kang Asep ti palih mana Bogorna ? Upami teu leupat ngaos milis nu kapungkur kang asep nuju di Cina ? Abdi kapungkur sakola di SMA I bogor, kosna di Gg selot , upami kang asep dimana ?
Upami Istri nembe hiji, sanes hoyong nambih mung sunah Rosul cenah (Mun Mampu) tapina abdi mah kahalangan ku PP 10, ari lieur mah nyaeta paudag-udag antara penghasilan sareng hawa nafsu, da ari hoyong mah sagala hoyong. ningali itu hoyong, ieu hoyong ! komo ningali nu donto mah meni kekerot he..he... ari damel dimana kang ? tos lami ngumbara teh ? --- In [email protected], "Aasep Tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hihihi ;)... target sabaraha istri teh Kang :D. > Mikiran kulawarga naha mani lieur?? hehehe sigana gara-2 teu acan kapenuhi meureun target-na nya Kang :D. Hihihihi. > > Punten ah heureuy, > Asep Van Buitenzorg >
