--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Dongeng soal nu matak muringkak bulupunduk, kuring jadi inget ka lembur

Kang,

Kuring apal kana manuk tuweuw jeung bebence mah... ketah apal
ngaran... rupana mah teuing kumaha. Ngan lebah manuk legug... asa
kakara ngadenge ayeuna. Mun manuk anu make BE- mah nyaho he he he....
Manuk be-legug mah ngagayot di handap tah!!! ;))

Siga kumaha rupana nya eta mamanukan teh. Bener kacida, kuring urang
SUnda can nyaho rupa manuk pituin. Uuuuhhh... Aya di mana manuk anu
kitu nya. Sugan aya gambar2 jeung foto na? Dina situs mana... kira2 na
nya? Hayang nyaho.

Perkara bueuk... kuring ge pernah ngadenge versi dongeng anu rada
mirip Kang. Ari di batur mah bueuk teh simbol kapinteran jueng
kawijaksanaan, di urang mah bet simbol wiwirang geuning? ;))

Nyambung...kana babasan, kawas bueuk meunang mabuk. Naha nya bet aya
babasan siga kieu? Tong boro bueuk, jelema ge mun dibabuk mah... ripuh
ngaheruk he he he.....  Teu kaharti ieu babasan teh.

Cikan... sigana mah loba gunana. Mun kabeneran aya nu boga foto2 atawa
gambar manuk pituin Tatar Sunda, asa aya alusna mun dikumpulkeun.
Memeh bener ludes. Nu boga karesep motret... jung atuh potretan anu
karaitu. Ketah teu kudu manuk wae... naon we lah: tangkal jeung hewan
sejen ge kaci! 

Mun daek ketah he he h....

baktos,

Rahman

Kirim email ke