Leres lamun jadi hayu urang ngumpul mumpung aya di RI, ari abdi mah
sigana mah bade rada lami alias titirah. 

Atuh teu nanaon opat minggu oge, anu penting mah urang reuni, komo
kang Asep mah tos nyiapkeun acara diskon...

Ari tos dongkap kalembur, bade mulih deui ka Canada sok males, nyaeta
inget diperjalanan capek tea. Lamun abdi aya di Australia mah caket
sigana sering mudik, ari Canada - RI mah ti ujung ka ujung, abdi mah
nyebatna oge datang dari planet lain ha..ha..

Barudak kang Rahman panginteun nuju lucu-lucu-na, boa-boa anu cikal
mah boga kabogoh he..he..he.. 

Salam bae kabarudak kang Rahman...

Baktos,
Nn


Kirim email ke