> From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]> > numutkeun kuring mah aya tinimbangan sejen pangna UNPAD ngaleler Dr (HC) > ka > mahatir. jigana patali jeung industrialisasi pendidikan.
Enya meureun MH, industri pendidikan. Jaman ayeuna pendidikan teh jadi industri. Lembaga pendidikan ti Malaysia mani agresif pisan didieu nanawarkeun barudak supaya sakola di Malaysia. Aya sababaraha urang batur anak kuring nu nuluykeun sakola di Malaysia, kitu deui kuring boga sababraha urang kawawuhan nu anakna sarakola di Malaysia. Situasi ieu beda jeung di taun 1970an. Di tempat kuring sakola, loba mahasiswa ti Malaysia. Atuh guru jeung dosen oge loba nu dikirim ngajar di Malaysia. Ari ayeuna mah situasina jadi tibalik. Di urut sakola kuring, malah aya poster nu nawarkeun sakola "post graduate" di Malaysia. Sigana pendidikan di Indonesia mah ti baheula tepi ka ayeuna ukur "leumpang didinya-dinya keneh" (jalan ditempat) beda jeung Malaysia nu jauh nyusul Indonesia. Cik lah dongengkeun kumaha pendidikan di Malaysia teh? alus mana umpama dibandingkeun jeung Universitas di Sinagapura? panasaran pedah loba urang lembur nu nyakolakeun budakna di Malaysia .....
