--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Tah ayeuna balik deui kana kecap "korupsi" nu teu aya dina kosakata > basa-basa etnik di Indonesia (lain dina basa Sunda wae). Boa-boa korupsi > mahabu di urang teh, kulantaran memang urang mah teu terang yen korupsi teh > salah....lir ibarat urang Kubu nu sok ngarabutan sampeu pelak transmigran? > He he he... bisa jadi enya kitu Kang. Katingali, mun aya jelema jadi pajabat pan kekerud... harta publik jadi harta pribadi. Haaar... logika na jadi malik sorangan he he he. Mun tea mah teu nyaho hak milik pribadi, naha bet ngahak (-an) milik umum alias nagara atuh? Pabaliut. Ongkoh teu nyaho hak milik... tapi bet ngapimilik? Enya sigana mah... lain lebah teu boga hak milik, tapi teu boga atawa teu dianggep korupsi teh SALAH. Mun sacara moral korupsi TEU salah, atuh nu teu korupsi SALAH meureun? Walah... pajuriwet euy! he he he... Nu teu salah, jadi salah... sabab nu salah teu ngarasa salah? baktos, Rahman
