--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari bangsa urang sok gancang nganiley jelema tina
> panapilan dimana2.pangalaman abdi tos ngoprek motor
> taun 90 an baju ra bobolokot ku olie jrung taneuh
> ngantar pamajikan balanja ka Hero, ngajanteng
> diluar....pek teh Mang..mang...ieu parkirna..anu
> geulis nyodorkeun duit rebuan (harita can aya eta
> Secure parking tea). Poe anu sarua sorena ek ka
> ondangan pakean kumplit..nyimpang ka Gramedia rek
> meuli kado pulpen Parker...langsung...wae bapak..bari
> unggeuk jero.
>  

Kang,

Geus jelas pisan ... budaya urang leuwih ngahargaan TONGKRONGAN
tinimbang eusi hulu. he he he....

Anu pinter mah Walanda jaman keur ngajajah baheula. Urang NL teu pati
resep kana sasaragaman. Pan geuning... pagawe pamarenatah kolonial,
ngahaja nyieun baju mani direnda2... mun bisa mah patinggurilap jeung
patingburinyay, make payung pagede2... kareta kencana... pokona mah
fisik sing mencrang.... pasti KEDER bangsa urang mah! :((

Ayeuna ge masih keneh kitu. Tong jauh2... tingali we angkot. Anu loba
renda na... jeung loba guguripalan... pang dianggap panghebatna! he he
he...

Duka enya duka henteu ketah....

baktos,

Rahman

Kirim email ke