Kang MH, Teuing naon tah resép na. Budak kuring..leuwih Walanda tinimbang RI he he he.. oge beukieun pisan kana indomie teh. Sakali sabulan mah sok nagih hayang nu kitu... untung bisa disengker.
Aya alusna eta diversifikasi. Ngan kudu alus we atuh eusina deuih.. ulah ngan indomi jeung indomi deui... Mun malikan deui kana bahan2 dahareun tradisonal, sigana hade oge. Di Eropa aya oge gerakan anu balik deui kana dahareun tradisional anu disebut gerakan SLOW FOOD. Pangaruhna tiap taun makin gede. Coba we ngagugle... Kuduna mah, nyieun samacam gerakan diversifikasi pangan. Asana teh loba pisan dahareun di nagara urang teh. Kentang, hui boled jeung sampeu... bisa dibudidayakeun sina hade. Tinggal mikiran teknologina we sigana mah. baktos, Rahman --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kang rh, perkara diversifikasi barang dahar, nu pernah katoong ku kuring > mah, asana kiwari jelema nu hirup di kota geus teu pati gumantung teuing > kana kejo. salah sahiji alternatif kejo nu geus lumrah nyaeta mie instan. > kuring kungsi boga sababaraha batur ngawadul di depok, nu duanana digawe, > menu sarapan paling top cenah indomie. hehehe. (mh) >
