Bet teu puguh juntrunganana tulisan kuring di handap ieu. Keun bae lah, can hudang sigana mah he he he.... nulisna bari ngalindur. Paingan aclog2an teu puguh. Hampura we...
Nyambung masalah wamil tea (bet keukeuh!). Nempo kaayaan aparat pertahanan urang ayeuna (tangtara) asa karunya oge. Komo mun ningali lebah kasajahteraan nana mah. Moal bireuk deui meureun, loba tangtara anu nyambi neangan gajih tambahan jadi tukang bobok tukang tarok, centeng jlte. Tah... ieu teh benerkeuneun. Profesina sina alus. baktos, Rahman --- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Urang kudu ngabanding2 jeung pangalaman nagara batur. Di NL ge wamil > > eus dihapus kira2 10 taun ka tukang, sabab hasil anu dipiharep teu > > kataekan. Kalah ka kacape2 nyieun program anu alus bari euweuh > > hasilna. Tangtara NL ayeuna kabeh 100% profesional, teu make cadangan > > tangtara amatiran. > > > > Meungpeung keur ngobrolkeun militer tea. > > Tadi peuting kuring nongton film The last King of Scotland. Anu > nyaritakeun masa Idi Amin jadi presiden Uganda. Halah... kuring bet > nempo sasaruaan. > > Peran militer dina politik hiji nagara teh bisa alus bisa goreng. Tah > ... lebah make militer tea... mani palalaur... > > Keun ieu mah off the record wae. Ningali tokoh Idi Amin dina eta film, > bet rada sarua jeung figur Soekarno jeung Suharto disakalikeun. Pasti > aya nu panuju kana panempo kuring, ngan nya dalah dikumaha dina tokoh > Idi Amin aya faktor Soekarno jeung SUharto. Ah moal dibejakeun ayeuna > faktor2 nanahaonana mah... tingali we kusoranga. Terus nyieun > kasimpulan sorangan. > > Balik kana masalah wamil tea. Ieu program teh perlu jeung butuh beaya > nu teu saeutik. Ari ceuk kuring mah... tinimbang eta duit dimonyah2 > teu puguh. Asa leuwih hade mun dipake ngabeayaan aparat militer anu > aya ayeuna. Mani ripuh geuning... peralatan kadodoran, kasejahteraan > militer ge mani hese. Tingkatkeun we profesionalitas militer anu aya > ayeuna. > > baktos, > > Rahman >
