> --- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote:
>
> Saleresna di golaongan menengah atas mah ieu parantos
> dilakonan..cobi tinggal...para bapa/para wanoja
> atanapai ibu2 parantos teu emam kejo digentos ku
> supermi..burger...pizaa jrrd.

Muhun Bah, ngan nyaeta dahareun alternatif nu populer di urang, 
malah dahareun nu teu dipelak di urang. Mie, roti, spagheti jeung 
pizza bahan dasarna tarigu. Dimana di urang aya "sawah tarigu"?. 
Jadi umpama eta kadaharan jadi kadaharan poko, sagedengeun sangu, 
bangsa urang angger we ngagantung dina kadaharan ka nagara batur ( 
malah mungkin beuki ngagantung).

Nu alus mah, dahareun tina beubeutian, nu loba diurang mah. Kumaha 
tah carana dahareun beubeutian jadi naek gengsi? ....Hayoh para ahli 
pangan, pangmikirankeun yeuh ....

Baktos,
WALUYA
(Nu sok ngerebek beuteung, lamun ngadahar hui ....)
  

Kirim email ke