Panginten generasi anu kapungkur kantos ditugaskeun di
Endo parantos teu aya..saleresna mah cekap seueur
urang Walanda anu nikah ka istri US teh utamina di
Onderneming teh, karet, daun sereh sareng padamel PU
kapungkur zaman taun 20-30 an.Pun aki oge sok
ngadongeng cenah dunungannana teh Tuan Van
Poken..mandor minyak sereh di Sumedang....ari bojona
teh meunangkeun urang bandung namina Uwa Emas (pedah
huntuna 50% ditaplok emas). Cenah ceuk aki..eta basa
Sunda na meuni lemes pisan jeung lentongna teh bener2
siga pribumi...Ari ngalongok nu gering ti baraya Wa
Emas teh sok nyarios kieu ; " Aduh kunaon....ieu naon
anu karaos ? Hawatos nya..Kuring meuni reuwas ieu teh
ngupingna"....Ceuk pun Aki anu has Urang Walanda sok
nyebut dirina teh ngango kecap "Kuring". Ari ayeuna
mah janten ngaran restoran Sunda nya.

Eta basa Sunda panginten ceuk abdi mah sanes "Dicipta"
Walanda..ah..ma enya...dikembangkeun
meureun...dibuka...ditalungtik....Babandingan jeung
Basa Jawa mah...jajuheun atuh...Basa Sunda mah
langkung deskriptip kana gerak , kana polah tingkah
jelema sapopoe. Cobi yeuh tarjamakeun ka Basa Jawa,
dongen US anu balik nguseup kasarean,;

" Gedebruk..satengah ngorejat...uing keur nundutan
basa keur nguseup kamari, etah edas we... bungah
kacida ningali eta umbul2 useup nyoloyong katengah
balong...nyanggut siganamah.. luncat kahareup..nepi ka
tikosewad rek labuh..aduh untung teu tigejebur.
Jeujeur ditaekkeun sigep...kenur
ditarik..ned..ned...kenyenyed.....seot kakenca..seot
kakatuhu..eta lauk ngajak ulin...dilayanan we ku
abdi..lah pek we moal sabaraha tanaga sia.....cekeng
teh......"


--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nuhun Kang MJ,
> 
> Hanjakal... di NL mah Sunda teh teu dikenal.
> Ketah... ahir2 ieu makin
> dikenal oge, sabab aya sababaraha roman utamana
> karangan Hella Hasse
> anu make latar tukang Priangan. Jadi Sunda oge
> kasabit2.
> 
> Tapi..sacara umum... Sunda teu/kurang dikenal ku
> urang NL. Kuring ge
> remen sok disebut Jawa! :((
> 
> baktos,
> 
> Rahman
> 
> --- In [email protected], "mj"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > 
> > 
> > kenging ngorowot ti
> >
>
http://www.kompas.co.id/kompas-cetak/0702/24/Jabar/10592.htm
> > 
> > saptu kamari
> > 
> > Forum
> > Sunda Dicipta Belanda
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
Any questions? Get answers on any topic at www.Answers.yahoo.com.  Try it now.

Kirim email ke