Hihihi lumayan atuh nya Teh si Aa-na ditonggongan ku Teteh salami 2 dinten mah heuheuheu ;). Leres emang nuang bawang atah eta lumayan bauna hehehe :D.
Ari abdi mah resepna enjing-2 upami sarapan nganggo omelet mix with sagala rupi Teh... biasana mah sok seueur bawang bombayna :D... oh enya kecuali nganggo jamur soalna duka kumaha jadina bau hapeuk. Biasana endog dua dikocok teras brus bawang bombay hiji atawa satengah disiksikan, teras ditambihan ku saledri, bawang daun, daging hayam asak di siksik lemes atawa daging kornet... kadang mun aya tahu sok di potongan alit-2 brus weh deui kanu adonan...+ teu hilap last but not least tomat dipotong alit-2... teras weh di kocok dugika rata.... dipasihan uyaah sacekapna... tos kitu di goreng... ajiiiib deuh :D. Teu hilap sangu sapiring mah hehehe ;). Tos beres eta ngopi alaaah nyikmaaadh. Salam, Asep RW06 ----- Original Message ----- From: Maria Astati To: [email protected] Sent: Wednesday, February 28, 2007 9:22 AM Subject: [Baraya_Sunda] khasiat bawang putih Kang asep, Pun lanceuk kantos ngadamel masakan ieu.., pasta dibanjur ku saos bawang bodas.., pastana 1/2 kg, bawang bodasna ampir 3 ranggeuy (sanes siung), mana bawang bodas atah deuih...,hasilna..; sanes mamma mia.., tapi mamma ampun deh..., 2 dinten bauna teu ical2, sanaos tina jarak 2 meter, sami kawas nuang peuteuy 5 papan ..., untungna ayeunamah tara nyobian deui masakan kawas kitu.. Maria Kang Asep nyerat : orang Italia mengenal pasta dengan bumbu minimalis: pasta a la aglio, olio, pepperoncino. Bumbunya cuma bawang putih, minyak zaitun, dan cabe. Rasanya? Mamma mia! [Non-text portions of this message have been removed] [Non-text portions of this message have been removed]
