Haaagh siah Kang Rusli hayooooh tuh kumaha tah upami kitu kekekek ;)). ----- Original Message ----- From: Denis Rivard To: [email protected] Sent: Wednesday, March 07, 2007 9:32 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: ImamIdolVirtual - Tiasa Istri
Asana geus sabaraha kali uing ngomong, lamun enya mah lalaki hayang mantuan awewe nu susah, naha bet kudu di kawin atuh.., bere we duitna.., mun boga budak eta awewe, sakolakeun, biayaan eta budakna.., asa ku teu hese asana.., komo jaman kiwari gampang, teu kudu nempo beungeut jelemana ge bisa. Jaman kiwari awewe kudu cicing diimah, ke heula anan, mana loba pagawean oge nu dibutuhkeunana awewe tibatan lalaki, contona supir beus.., didieu ceunahmah.., raresepeun keneh lamun supirna awewe, alus mawana, kalem, tara gampang ambek, penumpang ngarasa aman. Ceunahmah didieu dina sababaraha taun kahareup, supir awewe jeung supir lalaki kudu geus sabanding, 50% 50%, oge dina widang pagawean lainna oge. Atuh urusan di imah, asa bungah kitu tah lamun salaki daek magawean pagawean imah, komo lamun memang si salaki teh teu boga gawe, ulah ieumah keurmah teu boga gawe, ari di imah keukeuh hayang sagala dilayanan pamajikan, bari pamajikan banting tulang neangan duit. Enya lamun dua2na digawe, pagawean imah oge kudu dibagi 2, si salaki sarua oge kudu ngurusan imah jeung budak. Karunya atuh pamajikan geus mah gawe di luar imah, kudu gawe di imah oge deuih, pan hasilna pamajikan gawe diluar oge karasa ku sorangan meureun, nambahan ekonomi keluarga. Tah ayeuna dibalikeun.., lamun salaki teu boga gawe, lamun pamajikan datang balik digawe, heug sadiakeun katuanganana, sambut ku imut, budak geus diurusan, tawaran hoyong dipencetan teu awakna.., dijamin awewe ge bakal betah hirup jeung lalaki siga kitu. hehehe... Jeung ulah poho, pamajikan ge lamun enya teu digawe diluar.., di gawe diimah leuwih ripuh, komo boga budak leutik keneh, bisa2 gawena 24 jam sapoe. Tah eta teh kuduna diperhitungkeun atuh.., lamun enya lalaki gede gajihna, gajihna kudu dibikeun sabagian khusus jang pamajikan, lain kalah dipake poligami.., coba lamun pamajikan embung ngurusan imah, budak, digawe ngan 8 jam jiga salakina.., bisa moal salakina ngurusan sesana? boro2 rek poligami meureun, pamajikan hiji jeung budak ge teu kaaurus. Hayang pamajikan ulah didadaster wae? atuh pang meulikeun anggoan nu sae.., ajakan ngomong, nya ari teu diajakan ngomong mah.., naon nu dipikahayang ku salaki ma enya ge nyahoeun pamajikan (ulah poho oge tanyakeun oge naon nu dipikahayang ku pamajikan ti diri salakina). Lamun salaki teu protes, dipikirna meureun ah.. salaki uing mah da resepna kieu... Sagala ge kedah didiskusikeun, ameh geunah ka dua2na. Jeung boa2 sabalikna, pamajikan ge embung dangdang jang salaki da eta salakina ge kitu oge meureun, bararau, datang ka imah tibang ukur jang sare, pamajikan tara diajak ngobrol, komo bari mun aya waktu libur, pagawean ngan nguseup we.. hehehe.., bararau hanyir..., kumaha rek teu dibales ku pamajikan.. he..he..he..., (punten ieumah ka nu resep nguseup.., sualna pangalaman di rorompok, pun bapa hobby nguseup). tips kanu hobby nguseup : Pami uih nguseup, heug enggal ibak, saatosna ulah hilap nganggo deodoran plus minyak seungit nu harumna dipikaresep ku pamajikan. Teras anggoan tilas nguseup diseuseuh ku nyalira, oge wawadahan sesa2 eupan di kumbah ku nyalira, ulah ngandelkeun pamajikan nu ngurusanana, oge lamun meunang lauk, heug beresihan ku sorangan, lebetkeun kana kulkas, komo bari teras diolahkeun ku sorangan, langkung sae.., pamajikan sareng pala putra tinggal nuang..., sae pan pami kitu? Har jadi kana nguseup nya hehehe...., bae ah... Baktos, Maria . [Non-text portions of this message have been removed]
